Kang Duli, perkawis "pesta sex" di jero kelas di SMA Cianjur, kuring mimiti maca dina koran poe Minggu ( tingali tanggal postingna). DIna koran "tribun Jabar" poe minggu, wartosna teu pati jelas, jadi kuring nyangka nu "pesta sex" di jero kelas teh 11 urang ditambah jeung guruna saurang. Kakara kamari Senen, kuring terang yen sabenerna mah ngan tiluan, jeung guruna mah teu ngiluan, ngan cenah guruna sok jadi "makelar" muridna.
Tapi leupas tidinya, sanajan geus jadi rahasia umum, aya budak SMA ngalakukeun hal-hal anu teu uni jeung lain di Cianjur wae tapi nerekab dimana-mana, kasus "pesta sex" di kelas, jeung make direkam kamera HP sagala, rada-rada istimewa. Sabab hartina barudak teh geus ninggalkeun nu disebut kaera. Era geus leungit dimaranehna. Padahal adat diurang ti jaman baheula keneh oge, ngalakukeun hal-hal asusila dihareupeun umum, mere aib nu kacida. Tah kunaon matak kitu? Nurutan, ceuk kuring mah. Nurutan kulantaran loba teuing nonton film-film teu uni. Lila-lila kasadaran kasusilaan nu nonton , jadi robah, jadi nganggap hal anu teu uni teh jadi wajar-wajar wae. Hal ieu moal gampang kajadian lamun boga sikep teu gampang pisan nurutan kalakuan batur. Sabenerna mah "gampang nurutan" kalakuan batur, lain dimonopoli wae ku urang sunda wae, tapi umum di Indonesia. Kunaon kuring ngabandingkeunana jeung anu ngabitukeun maneh? ....enya da sarua wae, sarua nurutan!. Nu nurutan kadang-kadang teu make pikiran jeung teu nyaho tempat, lir ibarat anu GEHGERAN, teu kaop ngadangu tatabeuhan, sok ngiringan gutak-gitek, padahal ukur lalajo wungkul. Kang Duli oge apan nyebatkeun arek "jihad" mah tuh diditu tempatna, lain didieu ..... Subyek posting kuring, "urang Sunda gehgeran?", nganggo tanda tanya (?), sabab kuring oge teu terang. Tingali oge alinea panutupna, pan kuring oge ngabasakeun "Naha urang teh kaasup nu gehgeran?. Hartina nu kaasup "gehgeran" teh boa-boa kuring oge ....hehehehe Baktos, WALUYA > Abah, perkawis gehgeran a.k. pipilueun alias tuturut munding, > ceuk abdi > mah tos janten naluri mahluk anu tiasa ngarenghap dimana bae di > alam > dunya ieu, utamina mah jalmi sareng sato. Upami teu tiasa nurutan > sigana > mah seueur mahluk nu hese hirup ( failed to survive janten > missing in > action ). Janten kasimpulan yen wargi US teh resep tuturut > munding, > raraosan abdi mah teu adil. Ieu mah sami sareng isu anu > disebarkeun ku > majalah ME kapungkur di milis yen wanoja sunda teh matre, pan > Wadya > Balad Tamtama Kusneter oge bendu. > > Tuturut Munding jelas aya dina mode. Salami abdi cineten di > Jakarta anu > hetero kultur tea, sering pisan ningal korban mode, leuheung > upami > mantes mah matak resep ningalina, tapi ari nambihan mineus mah nu > nganggona, sok karunya kanu ningalna, bilih janten rabun hayam. > Komo > deui ayeuna mah hayamna seueur nu katepaan pilek manuk, atuh > tiasa > komplikasi dina soca teh. Nu kieu teh sanes mode wungkul nanging > sagala > rupi peperenian ( basa Orba mah ipoleksosbud ) ti luar nagrek > umumna mah > dianggap langkung hade tibatan made in Indonesia. Teu saeutik > jalmi > percaya kana hiji agama kualatan tuturut munding, sapertos > simkuring. > Pluralisme oge sami atuh ari kitu mah, enya muhun!!! > > Kasus Pornografi di Cianjur anu nuju nanjeurkeun Gerbang Marhamah > ( > leres kitu? ), ceuk abdi mah sami we sareng kasus2 samodel kitu > di kota > nu sanes. Mung ulah hilap usaha jalmi dina "jalan bener" oge > "jalan > salah" pasti aya tangtangannana, adukeun we - sok mana nu leuwih > kuat, > ceuk Darwin mah seleksi alam kitu. Sugan we nu bener nu meunang. > > Wargi US wani ngabitukeun maneh dumasar kana Jihad! Rarasaan abdi > mah > ngahanjakalkeun. Hanjakalna ngabitukeun bom di nagara sorangan. > Lamun > tea mah ieu mangrupikeun hiji taktik keur neken usa, ingris, > ustrali, > yahudi-israel, jrrd...naha lain langsung we dibitukeun di nagara > nu > dituju, pan jelas to the point kitu mah. Ari dibitukeun didieu > mah nu > jadi korban boa teuing aya dulur sorangan. Sareng deui pan medan > perang > jihad teh lega, aya di Chehnya, Irak, Afghan, Thailand, Filipina, > Palestina, jrrd. Didieu mah pan urang oge masih tiasa bebas > ngalaksanakeun sagala rupi ibadah sanaos hirup ripuh ku hutang > oge. > > Salangkungna abdi oge aya ngaraos bangga kana kawanian > aranjeunna. Terus > terang we abdi mah moal wani ngabitukeun bom cara kitu. Ngan > hanjakal > tea, naha bet didieu? Masalah bener henteuna, pahala-doraka, tur > surga-naraka mah sanes urusan abdi. Kumargi jalmi mah tiasa > nganggap nu > siga kitu teh awon, mung jalmi mah teu terang kumaha apresiasi > Allah > SWT. > > Ceuk sakarep abdi mah, jihad di nagara urang mah ulah waka > ngabitukeun > bom, cekap we gawe nu bener, diajar nu bener, mikir nu bener, teu > nyusahkeun batur, silahturahmi, miceun sampah kana tempatna, > disiplin > jeung tertib dijalan, ulah KKN, teu maling, teu mabok, teu > monopoli, teu > spekulatip, berehan, jrrrd...seueur pokona mah laku lampah nu > positip > anu pasti ngandung nilai jihad lamun urang ngalaksanakeunnana > dumasar > kana sumanget ibadah nu ikhlas. > > Abah, kitu cenah ceuk si Dodo nu boloho nu hayangeun Dian Sastro. > Cekap > sakieu heula, da geuningan tunduh ari nuju ngaronda teh. Upami > aya nu > lepat ( tangtos seueur nu lepat ), ulah asa-asa ngelingan abdi. > > Punten tos ngaheurinan koropakna...ulah bendu nya! > > > > Baktoz ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

