Ari pangalaman kuring mah beda deui.
Ngaran kuring Rachmat, biasana ku babaturan ti etnis
jawa mah sok disebut RahmaD. Ieu teh biasana sok remen
(sering) kajadian lamun ngurus perkara administrasi
di kantor atawa di tempat-tempat karamean pusat
usaha. Ari urang Batawi mah beda deui, sok nyebutkeun
anu pondok-pondok. Kayaning Rachmat jadi "si mamat"
atawa "si mamad" tina RahmaD tea, atawa pondokna tina
Muhammad/ahmad.
Ari batur kuring di kampus mah, ngaran rachmat teh sok
dikarestenkeun jadi "mathius" atawa 'matthew'.
baktos,
mrachmatrawyani
--- syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Enya uing ge sok aneh ka letah urang jawa teh, coba
> we mun "G" na di hareup mah da bentes, saperti
> nyebut Gunung, teu robah jadi Kunung. Aya deui mun
> nyebut "B" dina kecap Lalab sok robah jadi "P" lalaB
> jadi lalaP, nyebut uraB jadi uraP, MustajaB jadi
> MustajaP. Boa-boa nyebut halaBhaB ge jadi halaphap.
> Nyebut juriG jadi juriK, tapi nyebut Titiek dina
> kacap Titiek Puspa, tara kadenge "K" na malah siga
> leungit jadi Titi. Aya deui mun nulis "T" sok
> diganti jadi "D" saperti dina ngaran Sudrajat sok
> ditulis Sudrajad. Komo nyebut Gedang mah jauh pisan
> bedana jadi Kates...he he..!
> SR
__________________________________
Yahoo! FareChase: Search multiple travel sites in one click.
http://farechase.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/