assalamualaikum ww...
 
teh Ia teh curhat....hehe...
 
sae atuh teh Ia seratanna teh !!....
 
insaallah lah teh Ia bakal janten gegentos akina hehe ..: nu ahli na b sunda....
 
naha bet kitu?.... atuh da aya terahna hehe.....
 
mangga atuh sing mujuur nyaa !...

Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam Wr.Wb.
 
Aduh Neng eeya, uwa mah (keun bae nga-uwakeunnya da rumaos gubrag ka dunyana langkung tipayun) reueus aya wanoja sunda pituin tiasa cocoretan anu sakitu saena. Uwa sorangan jadi ngarasa era yeuh teu bisa ngawariskeun basa sunda anu alus ka anak-anak uwa anu saangkatan jeung neng eeya. Sok lah neng teraskeun cocoretannana tur tepakeun tah ka sakumna wanoja sunda.
 
Dupi neng eeya teh di pausahaan pemetaan naonnya di Batawina.
 
Salam Baktos,
-WAG-

sunda pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
 
Wargi-wargi sadaya, sesepuh US, ieu sim kuring gaduh sakedik cocoretan, diajar ngarang basa Sunda ti ditunamah. Bilih aya nu teu sapagodos hapuntena nu kasuhun. Sareng diantos pisan komentarna, inggis ku bisi rempan ku sugan dina undak usuk basana aya nu lepat sareng sajabina. Haturnuhun tina sagala rupi perhatosanana.
 
 
Sunda Pituin
 
          Aya kuseuseut liat ngagolontorkeun basa janten rundayan carita dina basa Sunda teh. Ngemutna oge alahbatan alahmanan, teu acan undak usuk basana. Angot upami kedah nyarios mah, riweuh! Duka kunaon, padahal sadidinten henteu tebih ti urang Sunda. Pangaruh  hawa Batawi siganamah.
Sateuacan dilajengkeun, nepangkeun heula, wasta sim kuring Lia, nenehnamah tos regep upami dijaluk eeya ( Baca : ia ), raos kakupingna.  Kawit tipakidulan, pusat dayeuh tatar Galuh, Ciamis tea ayeunamah. Ari pun biang sareng pun bapak kaleresan asli Ciamis, Sunda pituin, atuh dina sadidintenna oge sim kuring kapager ku adat Sunda. Basana oge basa Sunda. Nalar sakola, SD dugi ka SMP di lembur kuring, desa matuh tugenah merenah tumaninah, tebih ti puser dayeuh. Nincak sakola SMA, kapaksa kedah rido ngantunkeun sepuh sareng pun adi nu mung hiji-hijina, da hoyong nimu elmu nu leuwih, atuh sugan tiasa langkung mandiri pami tebih ti sepuh mah, dihaja dititipkeun kos, da SMU 1 ayana di puseur kota. 3 tahun di SMU –Alhamdulillah teu nambihan- niat sakolo nu langkung luhur panceg na hate, sanaos teu lebet ka paguron luhur nagri, satekah polah pun biang sareng pun bapa nyakolakeun sim kuring di sawasta nyaeta di ITENAS. Mung hiji amanah ti aranjeuna, asal hidep sakolana jujur, nepi kamana bae oge ku kolotmah dianteur! Kitu saurna. Alhamdulillah, -teu kendat puja syukur ka Mantena, rohmat salawasna ngocor pikeun saha bae nu ngucap syukur- 4 taun ijasah sarjana tos kacepeng. Ayeuna –minangkanamah- tos sataun satengah aya di puseur na Indonesia, nya Batawi tea, janten kuli –Alhamdulillah- di salah sahiji pausahaan sawasta nasional di bidang pametaan. Wargi-wargi tangtosna oge seueur nu teu uninga naon atuh pametaan teh, komo pami sim kuring nyanggem jurusan kuring sakola teh Teknik Geodesi J. Ah! Etamah pasoalan sanes deui, pami aya nu palay langkung eces, mangga bae nyerat imel ka sim kuring, insyaallah, satiasa-tiasa dijelaskeun. –mudah-mudahan mah teu aya nu naros, hehe-
          Tekadna sim kuring nyerat di dieu teh mung saukur hoyong ngemut-ngemut deui basa Sunda, hoyong diajar nyerat basa Karuhun, nu saestuna sim kuring ngaraos, sanaos getihna getih Sunda, sok sesah kacida ngadamel seratan basa Sunda, seueur kecap nu teu terang, seueur babasan nu teu kahontal. Pami kedah milih, sim kuring langkung milih nyerat dina basa Nasional. Kitu deui dina nyarios, langkung raos kakupingna nganggo basa Nasional daripada nguping basa Sunda nu garihal, atanapi dina lemesna oge, tos teu tiasa ngabentenkeun mana basa kanggo ka batur, ka nyalira, kanggo ka sepuh atanapi ka sasama. Nuhun ka Gusti Nu Maha Suci, sim kuring masih gaduh keneh aki anu basa Sunda na masih asli, boh tina undak usuk basana, atanapi tina sagala rupi ngeunaan Kasundaan, kaleresan nuju anomna anjeuna kantos janten guru basa Sunda. Atuh dina sakalina nyarios sareng anjeuna kedah tatan-tatan kenging arahan da basa Sunda sim kuring teu kinten pabalatakna, utamina basa nu kedahna tumerap kanggo ka batur dianggo ka nyalira sareng sawangsulna. Hiji conto, pami kaleresan sim kuring lali, waktos wangsul ti bumina teras nyanggem “Aki, abdi uih heula!” Saur pun aki teh “Saha nu ‘uih’ teh Ia?’ lajeng diralat atuh ku sim kuring teh “Eh, maksad teh wangsul heula aki” Pami tos kitu sim kuring ngabelehem ray beureum ray pias da isin. Ari saur pun aki ‘uih’ mah siga budak leutik, ‘uih’ teh tina mulih, ari mulih pan diterapkeun na jang ka batur, kitu saurna. Sanes waktos pami nuju padungdengan sareng anjeuna, kaceplosan deui “Abdi mah teu ngadangu aki” “Naon Ia?” pami nuju ‘sadar’ langsung diralat, tapi pami nuju rada malaweung mah, sok olohok heula, na si aki teh, da teu acan atuh ari kirang dangu mah. Tungtunamah pun aki nyalira nu ngaralatna “Teu kakuping kituh” ooohhh eta maksadna teh. Seueur deui kecap-kecap sanes nu mindeng digeunggeureuhkeun ku pun aki, sapertos kecap ningal (kanggo ka nyalira) sareng ningali (kanggo nu sanes), padahal mung benten ‘i’, aya ku seukeut dadanguan anjeuna. Atanapi kecap rorompok (kanggo ka nyalira) sareng bumi (kanggo nu sanes). Oge kecap dongkap (kanggo ka nyalira) sareng sumping (kanggo nu sanes), neda-tuang, mandi-siram, mondok-kulem, gaduh-kagungan, terang-uninga, sanggem abdi-saur pun aki, jeung sajabana. Eta kecap mung kecap sadidinten nu sering kakuping ku urang. Tangtosna seueur  keneh pisan kecap sanesna anu sim kuring oge teu acan terang sadaya, aya kalana lali. Mung pami bade ngobrol sareng pun aki, nya wayahna etamah J. Sakapeung sok rudet, mung diemut deui, pami teu aya sepuh nu siga anjeuna, sim kuring tangtosna poek kana basa Sunda nu leres, sanaos kantos diajar basa Sunda basa SMP. Dugi ka ayeuna oge, teu weleh ngaweruh elmu ka anjeuna pami nuju kaleresan aya di lembur.
Sim kuring kantos gunem catur sareng sabalad-balad, saurna teh, dini hiji mangsa basa Sunda bakal ilang pamorna mun ku urang henteu dimumule ti ayeuna. Ari katurunan-katurunan Sunda, ari basa, basa deungeun. Sok isin sakapeungmah, bet urang teh eleh ku bangsa deungeun nu soson-soson diajar sagala rupi perkawis Kasundaan. Tina ngawitan sajarahna, budaya jeung kasenianana tug dugi ka basa na. Sabaraha seueur ti murangkalih-murangkalih ayeuna nu calakan pami ditaros sajarah Sunda, tong bora murangkalih angkatan 90 dugi ka kiwari, dalah sim kuring oge anu angkatan 80 an, aga ageu pami ditaros rinci sajarah, budaya, tur kasenian Sunda. Sabaraha seueur oge barudak ayeuna anu ngagunakeun basa Sunda dina obrolan sadidintena. Asana tiasa dietang. Ayeunamah para sepuh teh –nu aslina Sunda- langkung bangga upami murangkalihna norolang basa Inggris atawa basa Asing sanesna. Salersenamah sae pisan, da urang teh bakal nyanghareupan era pasar global, nu pastina oge hubungana jeung Bangsa Deungeun. Mung langkung sae upami basa Sundana oge diajarkeun, atuh nuhun-nuhun jadi basa sadidinten. Sok sedih pami dina buku lapor barudak ayeuna ningal angka nu jomplang antara basa Sunda, basa Indonesia jeung basa Inggris. Nilai Basa Indonesia na 8, aya kalana nilai basa Inggrisna 9. kumaha atuh ari basa Sunda? 7 oge lumayana sigana, 6 mah biasa. “Susah teh basa Sunda mah” kitu saur misan sim kuring pami ditaros naha bet nilai basa Sunda na pas-pasan. Hiji waktos misan sim kuring nu nembe kelas 3 SD ngerjakeun PR basa Sunda. Angkohna bade ngerjakeun ku nyalira, mung sigana bae poekeun. Pami emut ka dinya, sok hoyong seuri bari jeung sedih. Anjeuna naros ka sim kuring “Teh, ini ada pertanyaan, ‘saha nu gunem catur dina bacaan di luhur’, padahal nggak ada yang maen catur dalam wacana nya”. Roman pameunteuna bingung, culun mun ceuk basa Batawi mah. Sim kuring ukur ngabelenyeh, kagugu ku polahna. Eta ngeunaan basa, angot upami nincak kana sarupaning kasenian Sunda, samodel rupa-rupa pupuh. Pupuh Kinanti sabaraha baris jeung kumaha kekecapanana, pon kitu deui Pupuh Asmarandana, Dangdanggula, Balakbak, jeung rea-rea deui. Jaipongan, aya jaipong Aduh Manis salah sahijina, kacapi suling Cianjuran, Wayang Golek jeung sajabana.
Upami noong ka UPI Bandung, jurusan sastra Sunda, kaleresan sim kuring gaduh kawanohan urang Ostrali nu kuliahna di UPI jurusan sastra Sunda. Anjeuna aya ku reueus tiasa diajar ngeunaan sagala rupi Kasundaan. Basana oge sae pisan, undak usuk basana dianggo, janten resep. Saurna teh, abdi mah tos nyaah ka Sunda, janten hoyong neuleuman ngeunaan Kasundaan. Malih mah sanaos anjeuna ayeuna tos mulih deui ka nagara asalna -nguping wartos aya di Mexico- masih keneh manggil guru pripat ka bumina. Dugi ka, bakating ku nyaah-nyaahna ka Sunda, anjeuna alim disebat ‘Non’ –ku sim kuring disebat kitu kawitna-, hoyong disebat ‘Neng’, wireh ciri hasna urang Sunda panginten. Salami di UPI anjeuna henteu mung saukur diajar basa Sunda, kasenianana oge diajar, anjeuna parigel maenkeun angklung. Janten isin nyaan, sim kuring paling oge tiasa nyepeng bonang, saron sareng peking, eta oge, kapungkur jaman SMU, ayeuna mah upami dipiwarang nabeuh deui asa biheung –pami nyepeng wungkul mah hayu lah :D-. Sok reueus kantos aya na tipi ningal bule ngarengkenek ngibing jaipongan, sanes dansa atawa salsa.
Tos janten barang langka asanateh nguping urang Sunda nu aya di kota-kota, upamina bae di Bandung komo deui di Jakarta ngobrol ku Basa Sunda. Aranjena langkung parigel ngobrol ku basa Indonesia. Duka isin, duka memang teu tiasa basa Sunda. Padahal pami nguping urang Jawa, atanapi urang Padang, kitu deui urang Batak. Aranjena pasti ngobrol ku basa na sorangan sanaos aya di lembur batur, malah jadi ciri hasna. Urang tangtos moal birek eta jalmi urang mana nguping tina logat basana.
Sim kuring mung ngaraos prihatin, mung saukur tiasa nyarios, da dina kanyataana mah saestuna sesah pisan. Kecap-kecap na pupuh oge hilap deui. Sim kuring langkung resep nguping pop Sunda moderen tibatan kawih Cianjuran kacapi suling. Ningal Wayang Golek mah komo, bosen, padahal saur pun bapa, lalakon dina Wayang teh seueur pisan mangpaatna, seueur pilosopi hirup. Saleresna tos boleas jiwa Sunda na diri kuring oge. Kukituna kumaha kasauran Aa Gym, sateuacan oar-oar ka nu sanes, langkung sae urang mimitian ti diri pribadi, mimitian ti hal leutik, jeung mimitian ti ayeuna keneh, 3 M tea geuning. Seratan ieu sakedikna ngemutan ka sim kuring nyalira yen Sunda teh mangpirang-pirang seueur kabudayaanana anu kedah dimumule ku urang sadaya. Atuh seueurna mudah-mudahan ieu seratan aya pulungeunana.
***
Impenan mah gaduh sim kuring oge, manawi kayuswaan dugi ka kaamanahan ku Gusti Nu Maha Asih gaduh murangkalih (euleuh, tebih keneh padahal, hehehe ), hoyong pisan sina tiasa nyarios basa Sunda nu sae, parigel ngibing jaipongan atanapi ngawih pupuh, anu saterasna tiasa nyandak budaya Sunda ka sakuliah Dunya, dibarengan ku akhlaq, pangaweruh jeung elmu nu luhur, basa deungeun nu lancar. Sangkan jadi manusa pinilih nu apal ka Lemah Cai jeung Karuhuna, nu moal pinter kabalinger da kapager ku papagon agama. Amin…
 
 
Biru Laut, 14 Nopember 2005, 14.15
 
 
 
 
Wassalam,
-eeya-

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke