Mugia Kang Siddik kakiatan sehat wal afiat ku Allah
SWT kalayan teu aya halangan harungan. Amin.
Jaka
--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ba'da lebaran miang ti lembur kaping 8 Nopember
> tabuh 23.20 wib, alhamdulillah dongkap ka Seoul
> ping 9 Nopember 2005 tabuh 06.50, kalacat kana beus
> jurusan Yoido, turun disetopan caket kantor.
> Langsung ngantor, teu sempet guyang-guyang acan,
> ukur mandi ucing miceunan gorengan dina juru panon.
> Kaping 9, 10 & 11 Nopember 2005, nyiapkeun
> bahan-bahan candakeun ka Pusan sareng meresan sesa
> administrasi.
> Kaping 12 Nopember 2005, tadina bade dianggo
> reureuh sareng beberes rorompok, tabuh 15.00 aya
> telepon kedah kakantor.
> Turun parentah kedah ka Pusan dinten eta keneh,
> tabuh 20.00 geuleuyeung ka Pusan nyandak mobil
> kantor, padahal Seoul - Pusan teh 480 km. jalan
> toll, tabuh 12.50 panon karasa tos beurat, duka
> pedah cape duka pedah panon serab ku lampu mobil,
> tabuh 01.20 ngarereb di kota Taegu, enjingna tabuh
> 07.00 neraskeun lalampahan ka kota Pusan, tabuh
> 10.00 dugi ka pos pangrereban.
> Teu kacaturkeun kumaha paciweuhna salami sidang
> APEC, beres sidang APEC kaping 19 Nopember 2005,
> kaping 20 Nopember 2005, rombongan Presiden tour ka
> pembangkit tenaga nuklir, sontenna ngayakeun
> pertemuan sareng masyarakat Indonesia, lapur teu
> tiasa ngiringan, da kedah jaga posko.
> Kaping 21 Nopember 2005 tabuh 10.00 pesawat
> kapresidenan bade berangkat, atuh tabuh 04.00
> barang-barang sareng crew pesawat kedah tos
> berangkat ka bandara Kimhae, kapaksa kedah tanghi
> pukul 03.00, tabuh 10.00 pesawat kapresidenan hiber.
> Wangsul ka pangrereban tabuh 11.30, tadina bade
> mayar hutang sare sateu acan miangdeui ka Seoul,
> lapur da HP. disada wae, HP dipareuman krang-kring
> telepon kamar pangrereban.
> Ba'da lohor, HP dipareuman telepon kamar
> pangrereban dicabut, lumayan tiasa mondok, nyaring
> tabuh 14.30 langsung ngabiur ka Seoul.
> Tabuh 20.30 dongkap karorompok, saparantos
> ngucut-ngucutkeun seuseuheun, langsung masak super
> mi, beres sholat isya, langsung ngajongkeng dugika
> enjing.
> Kaping 22 & 23 Nopember 2006, meresan laporan
> kagiatan.
> Rancana kaping 24 Nopember 2005 (enjing) insya
> Allah tabuh 12.30 miang tirorompok, tabuh 15.40
> ngabiur kalembur anu pidongkapeunana insya Allah
> tabuh 20.40 WIB.
> Kaping 25 Nopember 2005, ba'da sholat Jum'at,
> ngabiur ka Cianjur, sontenna ngabujeng ngarereb di
> Villa Batan.
> Mugia teu aya halangan harungan kalawan dipasihan
> kasehatan tiasa ngiringan HBH, sok sanaos sateu
> acanna aya wae gogoda anu ampir-ampir ngabedokeun
> rancana.
>
> Pihatur
> ssw
>
>
>
>
__________________________________
Yahoo! Music Unlimited
Access over 1 million songs. Try it free.
http://music.yahoo.com/unlimited/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/