Hatur nuhun uwa (muhun sawios, sim kuring janten asa diaku :) ) tina perhatosanana. Ah! etamah mung saukur sanggem sim kuring oge. Ngemut-ngemut deui bahasa karuhun.
 
Sim kuring teh di pausahaan konsultan pemetaan uwa, salah sahiji widang nu kaleresan ku sim kuring dicepeng nyaeta perkawis citra satelit, nu biasa digunakeun kanggo perencanaan wilayah atanapi tata ruang. 
 
-eeya-

Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Waalaikumsalam Wr.Wb.
 
Aduh Neng eeya, uwa mah (keun bae nga-uwakeunnya da rumaos gubrag ka dunyana langkung tipayun) reueus aya wanoja sunda pituin tiasa cocoretan anu sakitu saena. Uwa sorangan jadi ngarasa era yeuh teu bisa ngawariskeun basa sunda anu alus ka anak-anak uwa anu saangkatan jeung neng eeya. Sok lah neng teraskeun cocoretannana tur tepakeun tah ka sakumna wanoja sunda.
 
Dupi neng eeya teh di pausahaan pemetaan naonnya di Batawina.
 
Salam Baktos,
-WAG-

sunda pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
 
Wargi-wargi sadaya, sesepuh US, ieu sim kuring gaduh sakedik cocoretan, diajar ngarang basa Sunda ti ditunamah. Bilih aya nu teu sapagodos hapuntena nu kasuhun. Sareng diantos pisan komentarna, inggis ku bisi rempan ku sugan dina undak usuk basana aya nu lepat sareng sajabina. Haturnuhun tina sagala rupi perhatosanana.
 
 
 


Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke