Kang Maman,
abdi ge ngehkey sorangan, basa nampi balesan SMS ti Kang Maman,
kabayang pisan mun Kang Maman nyarios : Sama-sama, gitu, loh...
ke mun pendak urang praktekeun nya..hi hi...

Ngintun SMS teh basa abdi keur di stasiun Cirebon, 
Meungpeung aya sinyal, da dilembur abdi mah sinyal teh lalinghas, 
teu katewak pisan ku hape teh.

sakali deui hapunten abdi nya kang Maman, Pliiis.....


-dul-



--- In [email protected], Maman Gantra 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Lebaran kamari mah rada prihatin. Lain bae rumasa lumokot ku 
dosa, rumasa sok sisiku jeung rerengkas. Tapi, pamajikan ngadon 
gering. Eta ge kungsi dibawa ka dokter, ngan teu daek dicaram. Teu 
kaop meleng, manehna ngolesed ti enggon. Ngilu cakah-cikih, ma'lum 
rek Lebaran. Antukna, karah karugrag. Tatanya ka dokter teh euweuh 
tapakna. Malah leuwih parna: Unggal peuting humarurung, kesang 
ngoprot, bari irung mengpet. Tisu pabalatak dina enggon, kuring teu 
meunang ingkah. Kudu mencetan sapeupeuting. 
>   Tilu poeeun deui ka lebaran manehna can jagjag keneh. Kasawang: 
Moal bisa ka mamana. Padahal, kuduna, kamari teh giliran Lebaran di 
Bandung, di imah kolot kuring. Kapaksa silaturahmi jeung munjungan 
teh ngaoptimalkeun SMS. Bari mencetan tonggong pamajikan, kuring 
ngirim SMS ka sakumna baraya jeung kawawuhan. Teu ku hanteu, nu teu 
pati loma, dalah nu teu wawuh pisan, ku kuring dikiriman SMS. 
Pangangguran. Lain bae artis jeung seniman, "relasi" mangsa keur jadi 
wartawan. Sawatara inohong – boh nu nyekel kalungguhan di 
pamarentahan atawa swasta pisan – kabeh dikintunan SMS. Kabeneran, 
dina adress book aya sawatara nomer maranehna.  
>   Tetela, leuwih efektif geuning. Dosa teh asa ngurangan. Naha 
perbawa Lebaran, atawa kakuatan basa nu nyampak dina kekecapan nu 
ditepikeun dina eta SMS? Atawa perkara kaihlasan jeung otentisitas nu 
nulisna? Wallohualam. 
>   Nu pasti,  SMS nu mairan silaturahmi kuring atawa nyodorkeun 
pangwilujengna, unina teh rupa-rupa. Siga nu nembongkeun dirina 
sewang-sewangan. Aya nu  pikahelokeun, alatan jauh pisan tina 
implengan kuring ngeunaan eta jalma. Aya oge nu matak tingtrim kana 
hate. Atawa, matak ngehkey pisan -- paling henteu, keur kuring, nu 
rasa humorna teu leuwih luhur manan dampal suku. Sanajan, teu saeutik 
oge nu eusina lempeng-lempeng bae. Standar. Siga SMS nu dikintun ku 
hiji inohong nu ngantor di Senayan ieu:
>    
>   TERIMAKASIH PESANNYA SELAMAT  IDULFITRI MHN MAAF LAHIR BATHIN
>    
>   Sanajan standar pisan,  malah meh leungiteun "citarasa", alatan 
tulisannana kabeh ku huruf gede jeung teu make tanda baca pisan, nu 
matak kuring ajrih : Eta ku kersa ngawalonan SMS cacah pantar kuring. 
Boro-boro loma, wawuh ge heunteu. Naha, pedah anjeunna politisi kitu? 
Matak dipairan ge, kuring dianggap calon pemilih pontensial dina 
Pemilu engke? Teuing... 
>    
>   Nu matak helok kuring,  salah sahijina SMS nu unina siga kieu :
>    
>   Terimaksih. Ya Allah…perkayalah saudaraku ini dgn keilmuan, 
hiasilah hatinya dgn kesabaran & kasih sayang, muliakanlah wajahnya 
dgn ketaqwaan dan perindahlah fisiknya dgn kesehatan, serta terimalah 
amal ibdah ramadhannya dgn kelipatgandaan barokah dan magfirahmu. 
Minal a'idin wal fa'idzin. Taqabbalal lallahhu mina waminkum, taqabal 
ya karim, kullu amin waantum bi khair. Selamat `idul Fitri 126H. XXX 
& kel.
>    
>   Maca eta SMS, cipanon meh nyurucud. Karasa kaihlasan eta do'a 
jeung nu ngadu'akeunnana. Padahal, teu wawuh teu sing. Helokna deui, 
sakanyaho kuring tina media atawa omongan jalma ngeunaan anjeunna, 
eta inohong teh teu ningalikeun citra nu relijius atawa nyantri kawas 
SMS-na. Malah, pan, ceuk tadi ge, lain bae karasa relijiusitasna eta 
inohong. Tapi, oge karasa kaihlasannana. Du'ana matak tingtrim kana 
hate.
>    
>   Di hari yang fitri, maafkanlah saudaramu ini. Walau trasa sulit 
tuk memaafkan sang penguasa negeri. Tundukkanlah hati, walau inflasi 
meraja. Sampaikanlah doa buat 40 juta duafa <xxxx & kel).
>    
>   Eta mah SMS nu dikirim ku hiji ekonom, urang Sunda, nu jelas teu 
panuju kana kawijakan paekonomian neolib ala SBY. Sanajan basana 
murwakanti, tapi keur kuring politis teuing. Tangtu bae,  
kaihlasannana karasa oge. Naon nu di-SMS-keunnana, sakanyaho kuring, 
luyu jeung naon nu diprakkeun atawa digugulung dina kahirupan sapopoe 
anjeunna.
>    
>   Dina hal pupuisian, bandingkeun jeung jawaban di handap ieu. Ti 
hiji kolot di Makassar, penyair, nu siga Ua Sas,  muka panto pabukon 
pribadina keur jalma loba :
>    
>   Hakikat cahaya bulan bersarang pd matahari, tetapi cahaya 
menyangkar dlm lipatan jiwa dan hati. MOHON MAAF LAHIR BATHIN! 
Selamat Idul Fitri minal aidhin wal faizin (XXX sekeluarga).
>    
>   Jero pisan, pan, hartina? Sigana, leuwih jero manan Laut Banda. 
Hehehe... 
>    
>   Aya deui hiji SMS nu ceuk pangrasa kuring: Nembongkeun kakuatan 
jeung kaendahan Basa Sunda. Ongkoh nu ngintunna, salah sahiji nonoman 
Sunda nu kandel jeung liket pisan ka-Sunda-annana. Mun urang leukeun 
nitenan seratan-seratan anjeunna, karasa kaseukeut pikir jeung manah 
anjeunna.
>    
>   Wanci janari marahmay asri nganti sasih nu fitri. Ati nu surti 
neda jembar pangampura. Wilujeng nampi kabagja sabada nyorang lara 
puasa. Mugya waluya mapag salira.
>    
>   Aya deui nu unina:
>    
>   Tembang Melayu mengalun riang, kaki menghentak tiade henti. Kini 
datanglah bulan kemenangan, jika ada salah kata mohonlah kami 
dimaafkan. Met lebaran Id.
>    
>   Pangwilujeng nu karasana "centil" jeung "maksa". Ma'lum, nu 
nulisna artis. Hehehe...
>    
>   Idem tito; ibid; loc cit. punten seepeun kecap endah, nu penting 
niatna sae. He..he..
>    
>   Eta mah pangwaler ti hiji dosen.
>    
>   Paralun nu ka suhun
>   Hapunteun nu ka teda
>   Nyuhunkeun dihapunteun dosa alit & ageung
>   Met boboran 1426 H.
>    
>   Narima jawaban di luhur kuring ngagakgak. Lain nanaon. Kuring 
ngirim pangwilujeng ku Basa Indonesia. Oge: Ieu inohong teh lain 
urang Sunda, urang Jawa. Penyair, nu  katingalna "sentimen" ka urang 
Sunda – utamana pisan ka salah sahiji inohongna. (Sanajan, manehna 
ajrih pisan ka Ali Sadikin. "Presiden saya Ali Sadikin," ceuk 
manehna, waktu dikolongan saha nu kira-kira pantes jadi Presiden RI, 
baheula basa reformasi mimiti meletek). Sigana, eta SMS teh meunang 
naroskeun anjeunna ka baturna, awewe Jawa-Ambon nu memang alus Basa 
Sundana alatan ti leuleutik cicing di Bogor. Kana eta SMS, kuring 
mairan siga kieu: "Kalau Raden Moesa menerima SMS Anda tadi, beliau 
pasti bangkit dari kuburnya," ceuk kuring, ngaheureuyan.  
>    
>   Ma'ap…bukannya saya mau ganggu, bukannya mau ikut"an jg, tp 
ma'ap… Saya bener" mau minta ma'ap…Kan IDUL FITRI, ma'ap…Lahir Batin 
ya… Ma'ap…
>    
>   SMS eta lain ti inohong. Tapi, babaturan kuliah kuring, nini-
nini. Siga SMS ti penyair nu urang Jawa tadi, kuring ngehkey waktu 
narima ieu SMS: Kacipta eta nini-nini gaul, urang Garut, rada 
bayuhyuh, metakeun kalakuan hiji tokoh dina sinetron Bajaj Bajuri. 
Ma'ap..., ma'ap...
>    
>   Ari SMS nu paling tegep, nu unina di handap ieu :
>    
>   Wilujeng Lebaran, hampura abdi nya, pliiis….:-)
>    
>   Ti Kang Nanang, anggota Kusnet! Siga SMS ti "si nini" jeung "si 
penyair Jawa", kuring ngehkey waktu narima SMS eta. Kabayang, jalma 
siga Kang Nanang nyebut "pliiiss..." teu beda jeung suan-suan 
pamajikan nu omongannana sok direumbeuyan ku kekecapan 
sarupaning "pliiis...", "najong", atawa "so what gito, lho?". 
>    
>   Atuh, jawaban kuring ka Kang Nanang ge teu eleh "gaul": Sama-
sama, gitu, loh...
>    
>   Tetela Lebaran teh mere kabagjaan ka jalma loba. Sanajan ku hal 
anu "teu pira": Basa.
>    
>    
> 
> 
> 
> Maman Gantra
> Jalan Salemba Tengah 51,
> Jakarta 10440.
> 0812-940-5441
>               
> ---------------------------------
>  Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke