Tong serab ningali PNS siga kitu. Ari di PNS mah pan
tos aya katangtuanana/aturan anu jelas, golongan I,
II, III atawa IV. Gajihna nya disesuaikeun sareng
golonganana. Lamun enya bener manehna jadi PNS pan
tiasa ditingali tina golonganana jeung jabatanana.
Waktu jaman Menteri pendayagunaan aparatur nagarana
dicepeng ku Pa Sarwono Kusuma Atmadja (jaman Orde
Baru), cenah mah gaji anu katarima ku PNS teh ngan
1/12 anu sakuduna, da ngan sakitu atuh kamampuan
pamarentah "ngahargaan" pagawena. Jadi tong ngimpi
lamun urang jadi PNS hayang "beunghar" siga jalma anu
gawe di swasta. Pan samemeh jadi PNS teh disumpah anu
unina siga kieu yeuh (mun teu salah mah- poho deui
sih)"tidak akan menerima sesuatu pemberian dari mana
pun, yang patut dapat diduga akan akan mempengaruhi
tugas dan kewajiban sebagai PNS....."
Eta cenah aya PNS anu "lubak-libuk" ku banda pakaya,
pasti lain tina gaji PNS na. Duka timana, taroskeun
wae, meureun tina "fasilitas" jabatanana. Kuring
pangalaman puluhan tahun jadi PNS, teu aya "batian"
tah, lamun teu dibantu ku pamajikan (PNS oge).
baktos,
mrachmatrawyani
--- joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ka lembur, tapi teu aya halal bil halal. Di lembur
> ge
> teu lila, Saptu na tos mulang deui ka Jkt.
> Kredit ka PNS? Jiga na teu aya kredit khusus kanggo
> PNS, aya oge kanggo nu kagungan usaha (PEngusaha
> Golongan Ekonomi Lemah tea), ayana di Sentra Kecil
> Kecil (SKC). Kuring kadangkala sok bingung kang,
> naha
> salah ningali atawa kumaha, da katingali na teh PNS
> di
> sabudeureun kuring mah leuwih maju batan kuring.
>
> Jaka
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/