kalresean kamari survey teh mung kalokasi villa batam hungkul, hilap teu survey kendaraan umum, kukituna nyuhunkuen di hapunteun.
siga pami naroskeun oge moal nyasab da tempatna tos katawis, ti puncak teras turun sa teuacan cipanas lungsur di kota bunga (aya plangna "KOTA BUNGA" mangga lungsur. teras naek deui jurrusan ka wisma batam (kirang langkung 2.5 kiloan) tangtos angkot aruningaeun.
dijamin moal nyasab.
hatur nuhun di antos, khusus ka panitia di suhunkeun ridhona tiasa engjing2.
imas
Surya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ieu mah usul,kumaha lamun disebatkeun oge rute sareng trayeklamun teu ngangge kandaraan pribadimisal lamun ti bandung naek beus jurusan mana, lungsur dimana, ngangge angkot naon no sabaraha warna na naon?kitu deui lamun ti terminal bogor ngangge angkot naonno sabaraha warna naon, turun dimana ?langkung sae deui lamun aya katerangan ongkos na sabarahasanes kunanaon, bilih aya paserta nu nyasabbaktossurya----- Original Message -----From: Nanang TedjaSent: Thursday, November 24, 2005 2:01 PMSubject: [gankleboy] Bewara : HALAL BIHALAL KUSNET 2005Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426 Hijriah,
dibéwarakeun deui yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2005
nu Insya Allah badé diayakeun dina :Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember 2005
ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan
di Villa Batan, Kota bunga, Cipanas - PuncakAcara :
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
- Hiburan & Kaulinan
- Kongres, Diskusi santei
- begadang bari meuleum jagong....asik wé lah...
- Aerobik sareng jalan-jalan ka Kota BungaLokasi :
Lokasina kirang langkung 2.5 KM ti Jalan Raya Cipanas-Puncak
lebet ka arah Kota Bunga / Taman Bunga Nasional.
Tiasa kana angkot rute : Cipanas-Loji (warna konéng)
lungsur di payuneun "Tasik artshop", teras lebet 500 meter
tiasa mapah/nganggo kendaraan.
Peta-na ditangkodkeun.
Anggoan :
Santéi wé, nu gaduh kaos Kusnet mangga dianggo,
pami teu gaduh, di lokasi HBH ogé aya nu icalan.
kudu mésér nya....Ka baranya nu bade mondok tong hilap ngabantun jaket/
anggoan nu kandel kumargi hawana nyecep..
sareng sayogi obat-obatan.Nu bade olahraga, mangga ngabantun raket Tenis, raket
badminton, oge bet tenis meja.Kukituna, ka anu parantos ngintun konfirmasi bade sumping,
réngréngan Panitia ngantos kasumpingan sadayana dina waktosna.Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.Diantosssss...........Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.
-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
- Re: [Urang Sunda] Re: [gankleboy] Bewara : HALAL BIHALAL KUS... salma imas
Kirim email ke

