Muhun nya aya ku pikahawatoseun nagara urang teh. Nagara nagara Agraris tapi naha bet kedah impor beas. Sayaktosna pangan nasional masih cekap. Sakumaha nu didugikeun ku Bapa Siswono Yudohusodo, pami heg pamarentah kersa ngempelkeun beas ti daerah-daerah, sapertos ti Indramayu, Karawang, Cianjur, jeung sajabana tangtos lumbung beas di bulog teh moal kaseepan. Mung aya kasauran ti anjeuna nu matak ngenes, yen cenah pami kitu carana, untungna teh leutik, benten mun impor, untungna badag. Saur anjeuna, basa sababaraha tahun kapengker masih ngajabat janten menteri, kantos aya nu nawisan (Alhamdulillah anjeuna te kersaeun), pami kersa nga impor, untungna 200 perak per kilo, kasawang pami ku dolar ayeuna dikalikeun ratusan ton. ckckckc...deudeuh teuing deudeuh teuing...paingan seueur nu keukeuh nga impor???!!!!
cir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
cir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ayeuna2 keur rame keneh isu soal impor beas: pamarentah keukeuh muka keran impor, patani & masarakat (kaasup pemda, cenah) loba nu nolak impor sabab produksi nasional ge teu kakurangan. Sakumaha anu kauninga, cenah tani di urang mah, boro2 matak beunghar, hirup teu nyat paeh teu hos...
Horeng, patani nu demo nolak impor teh lain di urang wungkul. Dina korang MI, aya foto nu nembongkeun konvoi patani nu demo di Korea. Bedana teh, di Korea mah konvoina teh bari tumpak traktor sewang2an. Teu kawas di urang, patani nu demo teh numpuk numpak treuk, kawas ngakut munding bae...
--
sikandar
su.wikipedia.org
Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lot's of someone's, actually. Try Yahoo! Personals
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

