Ari kituna mah kuring oge satuju, sabab memang da eta teh sifat dasar (naluri) ti makhluk hirup (kaasup sato), lamun kateken dina kahirupanana, sok destruktif, jadi kanibal atawa babarengan maehan maneh. Gejala ieu geus lila kanyahoan ku para akhli psikologi sato. Fleming swedia ( sabangsa beurit) lamun populasina ngalobaaan nepika hirupna sumpek sok babarengan "bunuh diri" massal ngarajleng ka laut, paeh titeuleum ka laut. Kitu deui sato anu dibarengkeun dikandangan pasedek-sedek, sok jadi destruktif malah jadi kanibal.
Lamun manusa tetep hayang disebutkeun BEDA jeung sato, tangtuna oge naluri dasar jiga para sato ieu, kuduna dileungitkeun, sanajan sakumaha katekenna oge (kateuadilan, kamiskinan jrrd). Salian ti usaha-usaha supaya kahirupan leuwih genah, oge perlu aya usaha nyadarkeun manusa supaya ulah ngagede-gedekeun naluri "destruktif" ieu. Salah sahiji nu kuduna boga peran nyadarkeun manusa, nyaeta tokoh-tokoh spritual, sabab salah sahiji nu ngabedakeun sato jeung manusa teh, manusa mah boga spritualitas ari sato mah ...........ah duka ketang, da kuring oge teu terang, naha ari sato gaduh rasa spritualitas atawa atheis kitu? Baktos, WALUYA --- In [email protected], jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ===dikeureut=========== > pamendak sim kuring, upami nu namina kateuadilan, > penindasan, pemerkosaan hak, teu acuh ka nasib rahayat > masih mancawura di ieu nagri, nya kalah kumaha ge > masih bakal aya wae nu 'bebeledugan' teh. Obrolan > sareng Imam samudra, waktos sim kuring masih di TEMPO, > --anjeunna nitip catetan harian nu teras aya nu > ngabukukeun tea, kaguar yen inti pasualanna nya sual > kateuadilan. Lokal, jeung kitu deui, global. > > D.Sepriyossa ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

