Salam oge Kang Darma. Pairan kuring diselipkeun dina artikel akang

--- In [email protected], jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> salam, 
> 
> Manawi eta nu janten bagian pasualana teh, Kang
> Waluya. Terma. Ti awalna keneh urang sadaya beda
> interpretasi sareng maranehna, aktivis teror, ngeunaan
> 'destruktif", "jihad", "bom bunuh diri" jrrd. 
> 
> Janten,--jujur wae lah,--kumaha tiasana urang diskusi
> sareng maranehna, upami interpretasi kana terma-terma
> etana wae teu nyambung? Di urang bom bunuh diri, di
> ditu bom syahid. Di urang destruksi, di ditu mah
> ngawangun kesadaran perlawanan. 

WALUYA : leres kang, bade diskusi kumaha sareng anu gaduh kayakinan 
100 % jiga kitu. Maksud kuring, kudu diusahakeun anu acan 
kapangaruhan ulah tepi kabawa sakaba-kaba. Panginten nu tiasa 
mangaruhan jalmi anu gaduh pangaruh jiga kaum ulama.   

> 
> janten kuayana perbedaan tea, pamendak sim kuring mah
> teu tiasa kitu wae urang nyandak metapora soal fleming
> Swedia,--sato jontrotna. Fleming mah maehan maneh
> tanpa maksud ngalawan, da dulur-dulur urang mah,--tuh
> ti Majalengka,deuih--maehan maneh teh maksudna
> ngalawan. Malah proklamasi, belah dituna mah. 

WALUYA : Di dunya sato, saperti Fleming nu "bunuh diri" massal tea, 
sanes teu aya tujuan. Tapi sabenerna mah tindakan BBD teh keur 
ngurangan populasi. Nu salamet teu ngiluan maehan maneh, engkena 
bakal nuluykeun jenisna nepika speciesna tetep langgeng henteu 
punah. Sato, keur ngabelaan speciesna ngorbankeun dirina, cobi 
bandingkeun jeung manusa, apan sarua wani ngorbankeun diri keur 
ngabela kolompokna!
 
> Punten upami sim kuring rada siga nu ngabela. Pami teu
> kitu, urang sadaya di dieu bakal teu jauh ti koor.
> Padahal, bukankah kita sendiri harus jujur, selama ini
> 'pengetahuan' kita akan mereka itu begitu minim. 
> Selama ini kita hanya punya cerita soal mereka
> berdasarkan paket berita yang 'disusun' polisi. paket
> itu yang kemudian tanpa rasa skeptis dan keingintahuan
> jurnalistik ditelan mentah-mentah media massa kita: tv
> dan berbagai koran. Tempo, tidak juga berada di luar
> arus besar itu. 
> 
> Selama ini: selama bom-bom itu berdentum sejak 2000
> akhir. Kita harus jujur, sebenarnya kita sama sekali
> buta dengan pemahaman mereka. Kita hanya 'tahu' isi
> kepala mereka berdasarkan hasil interogasi polisi,
> bukan interview wartawan yang skeptis dan cerdas. Ada
> dua hal: atau mungkin wartawan kita sendiri sudah
> merasa cukup dengan paket berita tersebut dan malas
> menggali. Atau memang polisi sangat-sangat membatasi
> akses media, manakala sang teroris tertangkap. 
> 
WALUYA : Aduh kang, ari wartawanana nyalira ngaragukeun kana wartos, 
komo kuring atuh? Tapi kuring masih tetep rada percanten kana media 
massa tinimbang kana harewos bojong nu teu puguh juntrunganana. 
Paling henteu nu nyieun wartos dina media-massa mah jalmi 
profesional, nu meunang panghasilan tidinya. Lamun seueur teuing 
ngabohong mah, lila-lila teu dipercaya nu hartina ....hehehhe 
mediana teu laku!


> Tugas kalangan abdi memang, Kang. Punten upami dugi ka
> danget ayeuna masih kitu jeung kitu wae berita teh. 
> 
WALUYA : Amien Kang, mudah-mudahan we kapayun mah wartos teh 
langkung jentre bin akurat. Supaya kuring anu awam teu ngarasa 
bingung, mana nu bener ieu teh?

Baktos,
WALUYA







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke