Satujuh kang, kudu bisa nyieun bom, kabeneran kuring tukang survai 
getaran taneuh (seismik) sok perlu "bom" keur sumberna. Baheula mah 
sok nyieun "bom" tina bahan petasan, supaya murah. Ayeuna mah teu 
aya nu wani, kuriak ditangkep disangka teroris ...hehehe. Kapaksa 
atuh make dinamit, hargana mahal jeung izinna oge hese. Keur survai 
pulisi ngaregreg, da bisi bahan peledak disalah-gunakeun.

Janten ari soal nyieun "bom rakitan" mah seueur nu tiasaeun, tukang 
petasan, tukang survai, pamayang (nelayan) nu sok ngeboman lauk 
jrrd. Teu kedah dilatih kang, ku kabutuhan hirup mah, ngadak-ngadak 
jadi palalinter.

Perkawis perang, kuring keur budak resep ulin peperangan. Geus rada 
gede resep pisan nonton film perang, komo film Holywood mah jiga 
Film Mc Arhur, The D day, Bridge over the River Kwai jjrd. Perang 
dina film jiga nu endah, aya pahlawan aya nu jahat. Pokona film-film 
eta mawa romantisme kapahlawan dina perang. 

Ngan kang Viking, sanggeus Amerika keok di Vietnam, film Hollywood 
intropeksi diri, teu nyaritakeun deui romatisme perang tapi 
kakejeman perang. Film-filmna teh Deer Hunter, Apocalipse Now jrrd. 
Sadayana oge nunjukkeun kumaha kakejeman perang siga sirah hiber, 
suku ngancleng atawa peujit budal-budil kaluar. Tidinya kuring sadar 
yen perang teh lain "romantisme" endah, tapi kakejeman jelema ka 
jelema nu lainna. Jadi keur naon ayana perang? 

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], "viking_jkt" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> pendapat sim kuring mah..urang2 teh kedah tiasa ngadamel bom, 
tiasa 
> strategi perang jeung sajabana..mun teu leupat mah..na teori 
> pembelaan negara..rahayat teh salah sahiji komponen nu diwajibkeun 
> perang mun aya musuh..saatos tantara teu aya..saha deui atuh nu 
bakal 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke