htr nuhun oge kang
----- Original Message -----
Sent: Sunday, 27 November, 2005 13:32
Subject: Re: [Urang Sunda] lemesna ramo....

Leres Kang DWS, kalayan panambih: ceurik gagauran/ngagaur : ceurik bakating ku nyeri, biasana alatan nyeri waruga (fisik), upama: "anu kakadek leungeunna teh ceurik gagauran".
 
Aya deui, ceurik ngabangingik: ieu mah biasana ceurik budak anu kahayangna can kacumponan. Rambay cimata: ieu mah ukur sedih atawa nalangsa, tapi henteu nepi ka ceurik (ceurikna masih bisa ditahan). Murubut cipanon: nalangsa anu rada gede nepi ka ngaluarkeun cimata rada loba, tapi henteu nepi ka ceurik.
 
Ceurik (bab ceurik): ebrehan (ekspresi) tina kasedih anu dibarengan ku cimata jeung sora. Upama sora bisa ditahan, kaasupna ukur ngaluarkeun cimata (bab cimata)
 
Ka baraya sadaya, muga-muga ulah jadi ceurik kulantaran macaan ieu bab ceurik jeung cimata:).
 

manAR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke