Bismillahirahmanirahim
Assalamualaikum Wr Wb
Pararunten - pararunten ! ka sadaya wargi milis urang sunda anu di mana bae ayana bok bilih ka ganggu ku abdi wargi enggal tapi sanes warga baru margi pami warga baru-mah nyaeta mobil jurusan cikampek - kp rambutan.
tah abdi mah wargi anu enggal ngiringan kana iyeu milis. kumargi kitu abdi teu acan terang peraturan - peraturanna. anu maksad sareng tujuan simkuring ngiringna kana iyeu milis sing ngajantenkeun hiji jembatan kangge urang wargi milis sadaya supados nambihan dulur anu ti lembur baraya anu di kota.
Aya hiji pepatah anu lami " tak kenal maka tak sayang " tah eta pepatah tos kalintang lamina sareng pami bade sayang kedah kanal heula menurut pribados mah lami teuing kumargi kitu pepatahna urang di gentos wae janten "tak kenal maka ta aruuf" pami teu kenal
ya kenalan. kumargi kitu abdi bade nepangkeun sok sanaos rada isin - isin oge margi nganggo bahasa sunda anu kalintang alakadarna pisan.
Wasta abdi saur pun biang sareng pun bapamah nyaeta RUSDI YUNUS dupi di gubrakeunana ka alam dunya saurnamah kaping 3 mei 1973 di subang tapi wallahualam da haritamah abdi teu acan emut naon - naon masih orok. alhamdulilah tos rimbitan kenging bati dua putri. patempatan abdi di kampung caracas II Rt 12/6 Kec: Pabuaran Kab: Subang Jabar. bilihna aya wargi milis anu kaleuresan caket sareng alamat pribados mangga di antos pisan rurumpaheunnana bilih bade koling- kolingan di antosan di 0260462239. sakitu manawi kangge perkenalannpribados mugia sing katampi ku sadaya wargi milis hapunten pami teu tiasa nyerat anu sakumaha mistina.
Wasalam
Rusdi yunus
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

