Punten ah, bade ngiring "ngarewong". Bilih peryogi data atanapi buku perkawis gender, mangga dijapri wae ka abdi. Kaleresan pun bojo damelna teh di Kementerian Pemberdayaan Perempuan, di Subbid "pengarusutamaan gender". Ayeuna pun bojo nuju ka daerah-daerah "nyosialisasikeun" perkawis gender ieu. Langkung sae deui upami tos rengse ujian skripsi, tiasa ngintunkeun skripsina kanggo kementerian Pemberdayaan Perempuan.
Kamari oge waktos HBH, kuring ngobrol sareng Mang Jamal, perkawis novelna "Rakkaustarina". Ceuk kuring teh, eta novel tiasa janten masalah "menarik" upami ditelaah tina sudut pandang gender. Aya masalah gender anu heunteu "stereotipe" umumna carios dina novel. Contona, Cep Hendra, dina novel eta teh digambarkeun mani sakitu satiana ka Neng Dewi, nepi ka tiasa nahan godaan "buligirna" neng Brigita, noni bule. (kumaha teh Tien, aya komentar perkawis novel mang Jamal?). Sigana penulis novelna (mang Jamal), penghayatan kana masalah gender tos "ruarrr biasa". Margi, sok sanajan novel teh ngan "rekaan", tapi pasti aya "implik-implik"na/pesan moral ti pangarangnya, kaluar tina "batin anu terdalam", anu heunteu dipikasadar ku dirina sorangan. baktos, mrachmatrawyani --- Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wa'alaikumsalam Teh Dini > Kaleresan judul skripsi abdi ge "Gender dina buku > Rusdi jeung Misnem" > ngabentenkeun budak lalaki jeung budak awewe nu aya > di eta buku.. > Tokoh utamana si Rusdi sareng si Misnem.. > Saparantosna abdi maca ngeunaan dua budak eta, apan > ari si Rusdi umur > 7 taun budak baong, pinter, calakan, jarambah jsst. > si Misnem umur 5 > taun, sarua jiga lanceukna. Nyaah ka lanceuk, > bubuhan batur > sapangulinan, ngan dibedakeun pisan antara budak > lalaki jeung budak > awewe dina jaman harita (bukuna terbit taun 1913). > Ari budak lalaki > asa bebas ulin, budak awewe mah kudu digawe > ngabantuan indungna, ti > mimiti ngundeur, masak, nutu pare nepi ka kungsi > katinggang halu, > jeung beberesih (sasapu, jsst). Tapi abdi ngarasa > bingung, naha enya > kitu jaman harita budak awewe umur 5 taun geus > digawe kawas kitu? > Ukur sabantu-bantu, ngabantuan indungna.. Panasaran > naros ka pun > biang, cnah da di lembur mah, komo jaman baheula, da > budak awewe teh > geus biasa nyangu-nyangu wae mah.. Jeung didieu > dibedakeun, ari si > Rusdi cilakana teh ku alatan kateunggar domba da > dombana dioconan > wae, meureun ambek, nepi ka neunggar kana beuteung > Rusdi, ari Misnem > mah cilakana teh pedah ku katinggang halu nepi ka > buncunur sirahna. > Ti dinya ge geus kaciri, budak lalaki jeung budak > awewe, cilakana > pedah kabiasaan ciri pagaweanana. Maenya budak > lalaki cilaka alatan > katinggang halu pedah nutu?? Pan euweuh ti dituna.. > > Nu ngabentenkeun wanoja Sunda jeung wanoja sanes > Sunda, kantos > dipedar ku Bah Willy nu basa harita tea ngeunaan > masalah majalah ME.. > Saparantosna ti eta, nya seueur ti pangarang2 (dosen > UPI), nu > medarkeun oge masalah eta nyaeta Chye Retty > Isnendes, eta mah > ngabahas wanoja Sunda dina tokoh2 carita samodel > dina carita Wawacan > Purnama Alam.. > > Tapi matak hemeng, basa kamari maca koran, ngeunaan > mahasiswi UPI nu > nelasan maneh ku gantung diri, di kamarna alatan > nyeri hate putus > jeung kabogohna.. Deuhhhh gustiiii, pira ge alatan > nu kituuuuuu atuh > nya... geus euweuh iman... kudu nelasan maneh. > > Dina urusan tatanen, teu ngan ukur panen, ngundeur > (metik pupucukan, > dangdaunan tina tangkalna), ti mimiti melak pare > (tandur), ngarambet, > nepi ka dibuatna (panen).. Pan wanoja SUnda ge > ngiringan?? Nutu pare > jaman baheula mah, ari ayeuna mah geus aya mesin > heler, ngaheler.. > dugi ka napi, ngisikan, jeung nyangu.. > > Kapercayaan dina masalah naon?? Ari di pilemburan > mah, masih aya nu > percaya kana hal-hal goib, conto mun nu keur > kakandungan kudu memekel > peso lipet jeung panglay, diselapkeun dina beha.. > Seueur, maca > Ensiklopedi Sunda geura, seueur ngeunaan adat di > dinya > > Tos ah sakitu heula... Tos dua dinten abdi seriusan > wae, cnah ceuk > kang Ndoell mah biasana tara baleg mun nyarita teh.. > Duka ku naon > perbawa orok panginten :) > > ~ipuP~ > > > > --- In [email protected], dini harmita > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > assalaamu'alaikum wr. wb. > > > > alhamdulillah tiasa ngiringan Halal Bihalal kamari > di Batan sareng > KUSNET. Dunia sempit euy, aya Gentra Kaheman oge. > nuhun Kang Ndoell > sareng sadayana. nuhun pisan... > > > > Hoyong naros, aya kaitanana sareng skripsi abdi > ngeunaan 'Modal > Sosial Perempuan Sunda dalam Industrialisasi dan > Kemiskinan': > > 1. Naon anu ngabentenkeun perempuan Sunda sareng > anu sanes ti Sunda? > > 2. Dina tatanen, perempuan Sunda biasana aktif > dina naon wae? panen > hungkul? > > 3. Kumaha trust (kepercayaan), norma, sareng > jaringan nu digaduhan > ku perempuan Sunda teh? > > > > Nuhun ... > > > > wassalam, > > diniharmita > > > > PS: Aya salam ti Echa (Nu ti Blora tea geuning), > Teh Diana sareng > Teh Fitri. > > > > > __________________________________ Start your day with Yahoo! - Make it your home page! http://www.yahoo.com/r/hs ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

