puguh rada bangkar warah abah. lieur ngurus adi bungsu mah. teu siga lanceuk2na. siga nu nurut, tapi siga tutut.

geura basa tsunami aceh, saminggu deui ujian akhir semester, ngadon milu jadi relawan ka aceh.
bari manehna mah sigana niat ulin, da nu diagul2 teh eta we ngasaan naek chinook cenah.
hadena sababaraha dosenna bageur, aya nu ngizinan bari teu kudu ujian asal mawa foto2 bencana tsunami, aya nu kaci ujian susulan cenah.

apal jakarta oge basa tos kuliah di itb. kitu oge ka jakarta teh ngadon demo. ma'lum budak ceuleupeung
produk panyesaan sigana. asup sd oge umur 5 taun. da maksa hayang sakola, pedah loba batur cenah.
hehe.

basa pere kamari teu aya bejana. saminggu leungit. di sms teu nembalan. sihoreng tas naek gunung semeru
mahameru tea. basa tingkat hiji kitu, ka ciremai.

ayeuna oge, pertengahan semester. spp itb ayeuna angkatan manehna (2002) 1.5jt/semester kalaut. tapi embung rugi, seseringna ngendong di markasna, himpunan. kahayang mah anggeuskeun we itbna heula. ulah waka ider2an.  tapi kalah nyengir siga kuda nyeri beuteung. kamari pangsiun cenah ti ketua himpunan gm da tos sataun.

memeh milu ka hbh kusnet cipanas teh ngadep rektor menta bekel ka australi cenah, dipasihan cenah 500 rebu ku (asisten) juragan djoko santoso. lanceukna nu di balikpapan (sakolana ti undip) helok, boga adi ceuleupeung cenah,  nepi ka rektor dipenta mekelan.  bedul teh cenah. hanjakal cenah itb teu aya kerjasama sareng anu, jadi fiskal kudu mayar.

naek MAS cenah. transit di KL, gentos kapal di Sidney ka Canberra.


On 11/29/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng angkat ka Andi, MJ. Teu nyangka eta budak teh teuneung
jeung ludeung. Bisaan  MJ mah ngawarahna. Sok lah, sugan we engke
maca deui na koran, aya ahli seismologi ti Ciamis nu nyarios soal
lini di Indonesia.

Baktos,
WALUYA



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke