eta seksi acara, utamana saha tah urang Houston teh, Ambu Neny tea, ngayakeun acara kaulinan kalebet the perepet jean cold kenging ngimpor sigana ti  cijengkold. hehe. jadi nostalgia. nginget2 baheula, asa kungsi kitu di lembur. ngan ari nu maraenna geus alumuran mah lutjuna beda.
 
da ongkoh sigana teu aya kaulinan pikeun sepuh mah. aya oge husus kanggo pameget-nu diprotes para ibu- eta tea, nyan dung. 
 
karaoke-an
kapeutingnakeun,  karaokean. hatur nuhun ka Apih Siddik nu parantos nyayogikeun mik canggih paranti karaoke-tiasa meunteun sagala tah sakadang mik teh. oge ka ibu Siddik oge putri apih, teh Nani nu tos ngiringan karaoke lagu Korea. halimfu enyaan.
 
balap karaoke sareng hendri epson dugi ka jam 2-an langkung. kang Hendri mah nyerah, si kuring nyacapkeun karaokean nepi ka jam 3, terus we ngagoler di dinya. sugan we diteruskeun dina ngimpi. henteu. mimiti meunang penteun saratus, lagu madu dan racun tea. kasusul ku kang Hendri Epson, tilu kali saratus, kaditunakeun mah nyusul oge.
ua Sas
si Ua Sas mah sontena teh ka taman safari, da bati hiji2na, si eneng,  hoyong ka dinya cenah, ongkoh tos pesen kamer di taman safari. hanjakal wengina si ibuna teu raraos, atuh si ua sas na teu ulih deui ka vila batan.
 
awalna ngadangu vila batan teh kacipta we aya instalasi nuklir. da sanajan vila atawa wisma, da batan tea, eh, sugan teh kitu. estuning villa we ieu mah.
 
 
--
geocities.com/mangjamal


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke