|
Assalamualaikum,
Alhamdulillah kuring geus salamet miluan Halal bi halal.
Bisa kenalan leuwih jauh jeung baraya nu jarauh ngan ukur panggih
tulisan.
Ngan baraya kuring seja menta dihampura nu sagede-gedena
teu bis amere mawa oleh-oleh siga batur. Malah asa teu boga kaisin ngan ukur
bisa ngorehan oleh-oleh bari riringgkid. Utamana mah kana korma Abu Dhabi. Jeung
kitu oge kana hadiah nu bakat ku hayang meunang ngabelaan pamajikan sangkan
meunang, Padahal mah si Eneng teu satujeun kuring ngabelaan. Tapi tetep kuring
ngarasa bener. Sabab eta pertanyaan pamajikan teh kuring nu mere
jawaban.
Alhamdulillah kuring meunang Teh Gingseng. Nu leuwih sukur
deui eta gingseng bisa dibagi-bagi ka mitoha, eyang, jeung dibawa mulang jang
indung kuring. Mudah-mudahan aya manfaatna. Da rasana oge geuningan ngeunah.
Komo sigana mun dicampur madu (jeung madu mah can dicobaan mun jeung gula geus
ngajaran emang rada ngeunah). Kitu oge Korma ngahaja mungkus tilu plastik nu
loba pisan. Geuningan korma teh langsung diparurak boh di Cianjur boh di
Purwakarta. kitu oge di Pamanukan.
Hatur nuhun ka Abah Sidik sareng ka baraya nu ngirim korma
ti Abu Dhabi. Mudah-mudahan kenging balesan nu langkung sae ti Gusti Allah SWT.
Amin...
Salam baktos,
Om TEDDY
Satria GPRS
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH jeung Mulangna Om TEDDY
- [Urang Sunda] Borondong Cicirihilan.... Gilly Prayoga
- [Urang Sunda] Re: Borondong Cicirihilan.... Puspita Widyamulya

