Wa'alaikum salam wr wb.
Alhamdulillah pangestu teh Mia. Sawangsulna?
Seueur pisan nu hoyong diserat teh ngeunaan HBH Kusnet kamari. Mung bakating ku seueur janten barieukeun. Janten sesah dicarioskeun nana oge. Nu pastimah kapatri na emutan HBH di villa Batan teh. :)
Leres pisan teh Mia, haratis teh ku sagala-gala puguh oge. Haturnuhun ka Apih Siddik sakulawargi, tiasa kenal sareng putrana nu jenengan neng Nani (aya ku reueus, ari pamenteu pamenteu bule, namina Sunda pisan, :) ). Basa mios nebeng ka rerencangan na teh Gia sareng teh Titi. haturnuhun ka kang Ade, teh Jenny, teh Opin, sareng teh Ami, oge teh Ida (punten pangdugikeun nya teh gia atanapi teh titi ka aranjeuna). Atuh kitu deui basa wangsul, tiasa ngiring sareng Kang Hendri. Nuhun kang!
Salangkungna ti eta, tiasa terang ka MJ, nu baruk teh, teu mung saukur sa Itenas, anjeuna oge lanceuk angkatan sim kuring di SMA.
Sami-sami alumni SMA 1 Ciamis. Dunya teh samporet nyaan, hehehe. Nuhun tos diangken! Atuh tiasa terang oge ka Kang Maman Gantra, wartawan senior nu parantos masihan komentar seratan sim kuring sababaraha waktos kapengker tea. Mung hanjakal teu kabujeng ngobrol panjang, isin babakunamah, :D. Atuh tiasa terang ka Ambu Nenni, Kang Ndoell, Kang Ikmal, Teh Ani, Teh Ipup, Teh Iva, Teh Imas, Teh Mia, Uwa Tito, Kang Ahmad Gunawan, Kang Runa, Uwa Sas (sanaos mung sakedap), jrrd.
Resep, reueus, bingah amar wates suta. Sim kuring nu nembe lebet US kana dua sasihan, tos tiasa ngempel, tiasa kenal sareng kulawargi sagetih Sunda nu leres-leres panampiana teu asa jeung jiga nu anyar pendak, nu anyar wawuh. Leres-leres siga tepang sareng dulur nu tos lami kenal, nu tos loma lila. Padahal sanyatana sim kuring nembe terang ka teh Titi wungkul sateuacanna, tepang sareng teh Gia oge pas sareng dina mobil basa mios. Tapi saatosna dongkap ka Villa Batan,
nambihan seueur dulur teh. Sanaos ngawitanana mah rada humar hemir oge, rempan ku sugan, bilih bisi teu tiasa ngalomakeun maneh. Mung Alhamdulillah, sakumaha tadi tos disanggemkeun ku sim kuring, sadayana someah darehdeh teu matak pikaisinin (minder...)
Hiji deui, nuhun kanggo ka Neng Erlin ti Gentra Kaheman IPB, nu tos ngenalkeun kaulinan Gebragan nganggo kartu remi. Meni dugi ka ngesang tuda ge sakitu hawa nyecep teh ( Antukna janten teu terang aya nu 'candle light dinner' :D). Siga nu maen nanahaon wae, hehehe. Neng Erlin sigana wawar ka rerencanganana 'pireus' Gebragan 'nyebar' dugi ka HBH, heuheu...
Diantos poto-poto nu sanesna, da asanamah sering kapotret, hehehe pede pizaaannn
Mangga ah dikantun,
Wassalam
-eeya-
Mia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum...daramang baraya?
Alhamdulillah abdi tiasa ngiringan HBH,,,ngahaturkeun nuhun utamina ka
apih sidik nu tos nyayogikeun sadaya, ka kang ahmad gunawan ( abdi
tiasa nebeng ti bgr dugi ka villa batan), ka teh tia ( nebeng uih ka
bgr),ka panicia sareng sadayana nu pendak di HBH, nyuhunkeun di
hapunten bilih aya kalepatan abdi di HBH.
HBH na serba haratis ieu mah...boh tuangna ..boh ongkos na..heu..heu heu
Hm...rame pisan nya HBH teh..aya nu candle light, aya nu tukeran
jam..siga tuker cincin..di shoot ku kang bowie..... kang hendri dugi
ka hilap ka nu bumi sigana tah ;-)
Baraya, mana atuh poto2 na pami tiasa di japri da abdi mah teu nyandak
kamera, atanapi alungkeun ka lembur, nembe ti teh gia wungkul nya poto
na...sabari can mandi deuih...pan seueur wartawan kusnet teh,di antos
pisan poto na ;-)
Hatur nuhun sateuacan na.
Baktos,
Mia
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

