Benten eung ari Juragan Keom mah caritana ge ngaguluyurr.. :) hehe 
matak resep macana..

~ipup~

--- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sanajan HBH kusnet geus kaliwat, tapi hatena mah masih keneh 
tibelat. Poe saptu isuk mangsa meletekna panon poe,sikuring geus 
saged, sikukut geus dipanaskeun, ban hareupna anu geus semu botak 
kusikuring diusapan bari ngagereneng sorangan " Wayahna lain dewek 
tega ka iling, da ari geus boga rijki mah ku dewek ge diganti, ngan 
omat ayeuna mah kudu sabar, tuh tingali kalender pan keur tanggal 
kolot, jeung deui wayahna dijalan tong nyusahkeun dunungan, komo aya 
niat hayang bitu mah, ngarti !" Cekeng teh kawas ka jalma wae, enya 
mun jalma mah meureun unggeukna ge sababaraha kali tandana ngartieun.
> 
> Numutkeun itungan, mangsa  dawuh geus  nincak ka padaringan kebek, 
bari ngucapkeun asma Alloh geuleuyeung sikukut lunta ninggalkeun 
pondok panineungan, diluhurna sikuring anyeucleu bari ngagelang gas. 
Najan  indit nyorangan, da sibarud balad sikuring ngadadak bedo, 
tetep sumanget  nuturkeun getih goib anu geus tiheula ngamalir tur 
ngamuara di vila Batan. Tamba tiiseun, kolotrak nyetel kaset 
hate,muka hariring anu kungsi apal timimiti lagu naha salah, jalir 
jangji tug ka lagu jujur,teuing ditujukeun kasaha hariring eta  nu 
puguh mah sok rus ras ka popotongan. Sapanjang jalan angger we mulak 
malik lagu eta, da enya nu apal teh ngan ukur eta etana.
> 
> Ngahaeub kebon nteh hawa mimiti nyilingit tiris,libido kontan naek, 
enya libodo hayang guras gares kulub jagong. Palebah pengkolan botol 
kecap anu sagede alaihim, reg eureun, ngalamun sakeudeung bari 
nyawang kahandap, teu diteruskeun da geuning kalahka rus ras deui, 
teu jauh ingetan teh ras deui ka popotongan. Sanggeus ngaliwat 
pengkolan taman bunga, disatengahing jalan bret hujan, kapaksa mapay 
mapay sisi jalan,ngan edas disisi jalan ge hujan, nya kapaksa ngiuhan 
dihiji warung, kaparengan nu nungguan warung teh awewe. Puguh we 
geulis da awewe. " Punten ari vila Batan palih mana ?" cekeng teh 
bari ngagular gilir peta. " Kirang apal !" jawabna pondok. "Ari toko 
Tasik ?" Enya matak nanya kitu ge dina peta teh patokanana toko 
tasik. "Toko tasik mah aya dua !" pokna deui. "Nu hiji dipalih 
lebak !" Ari nu hiji deui ?" kuring motong. " Nu hiji deui mah nya di 
Tasik !" jawabna semu heureuy.
> 
> Anjog ka vila Batan awak rancucut, asa kaubaran lantaran hawar-
hawar aya tembang panineungan, duka siambu duka teh Iva anu keur 
manggung teh, Swer dah ! Nining Meida mah lewat! Sanggeus ngasah 
dampal leungeun alias salalaman jeung wadia balad kusnet, langsung we 
uplek ngobrol jeung teh ipeut, nyacapkeun kasono, da tibaheula can 
pareng amprok. Saterusna uplek ngobrol jeung MJ pleus kang Iim, 
timimiti rusiah ngajar cap heureuy nepikeun ka ngadodoho jodo basa 
keur jomblo. Kahayang mah hayang hiji hiji diajak ngobrol teh, ngan 
jadi barieukeun, eta atuh da loba nu herang. Basa keur soting jang 
tipi Bogor, alhamdulillah cicing teh pang tukangna, jadi nu katempo 
teh tonggong batur, najan kitu ge, ari waktu nyebutkeun "tipina urang 
Bogor" mah asana pangtarikna ngagorowok. Jaga mun enya ditayangkeun, 
heug aya nu nanya " Pajar atuh ngilu, geuning teu katempo ?" Nek 
dibejakeun we kieu. " Moal katempo tihareup mah, coba ningalina 
tukangeun tipi,pasti katingali da pangtukangna!"
> 
> Jam opat sore sabada pamitan kasadayana, utamina ka apih Sidik anu 
tos haat ngawaragadan ieu acara, oge ka panyicia  anu tos tihothat 
tianggalna keneh. Hatur nuhun tos diangken sareng tuangleueutna 
katampi pisan. Geus wakca tianggalna moal ngendong, da ceuk itungan 
padaringan kebek teh ngan ukur nepika jam opatan sore, ari peuting 
mah jadi padaringan ngerebek da katirisan. Atuh kaduana matak wakca 
moal ngendong teh lantaran poho teu mawa lilin, jeung deui jeung 
ngalilinan naon, da piraku kudu ngajak MJ nyalingker ka pipir koteg 
mah, ngadon niupan lilin. Beu ! 
> 
> Enya we itungan teh teu nyalahan, indit ngaligincing balik 
rangkibung da ngaborong jagong dijalan, najan asa dibobodo ari 
hareupna enya aralus, ari tukangna paretot. Nepi ka cimanggis 
nyalingker heula ka jongko, langsung we ngagedag pecel lele. Beuteung 
pul teng, kontan milotan sikukut ge jadi galuang galeong tunduh. 
Palebah cawang hape ngagurubug, seot heula kasisi, sihoreng teh ipeut 
sms. " Asa bagja boga indung peuting teh, tengkiyu teh ipeut, hoyong 
sakadang keom ? ke di sms nya he he !" 
> Beu meuni mabay, hapunten baraya !" Baktos (SR)
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke