Haturan Bah Jaka.. asana teh kateungteuingan nya eta nguping ibu Bupati Majalengka awong awongan dina tipi yebatkeun yen Salik sacara administrasi sanes wargana.. Padahal mah seueur oge warga Majalengka anu teu ngagaduhan KTP, sanes salik wae.. Meenya nya jelema hirup sieun ku layonna jalmi..pirakadar mayit, mani pada narolak..jeung deui mayitna oge geus teu kumplit ragana kantun mastakana sareng sampean.. Saurna oge ayip Hidayatullah urang Banjar, dugi ka ayeuna teu acan di candak ka lemah caina.. Abdi mani helok nguping urang Cilacap nampi mayitna misno, teras urang jawa timur nampi mayitna Arman alias Agus,, anu tebihna urang Malaysia nampi Azahari, sok sanaos anjeuna tos ngotoran nami bangsa Malaysia, tapi anjeuna tetep aya rasa kamanusiaan keneh dina hal ieu.. ari urang sunda.. duh.. Bupati Majalengka geus nolak.. Hiji deui anu urang Banjar, eta duka di tolak duka naon .. dugi ka ayeuna teu acan tiasa ngurebkeun layonna..
tatan -----Original Message----- From: joko tingkir [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Wednesday, November 30, 2005 6:48 AM To: [email protected] Subject: RE: [Urang Sunda] Media Indonesia: Bupati Majalengka Tolak Mayat Salik Firdaus Leres Kang Tatan, ceuk pun anak oge nu nongton tipi, disebutkeun pemda Majalengka anu ngalarang teh. Lamun warga satempat, asana teh sok asa piraku, da biasana warga ngan saukur dijual aran. Jaka --- Endang Tatan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tapi kang Im Abdi nguping di tipi, bupati majalengka > nyalira ngumumkeun yen salik secara Administrasi > sanes penduduk Majalengka da saurna teu aya KTP > Majalengka atas nama Salik, tapi saur pengacara > salik , salik ngagaduhan sim C ti Polres > Majalengka... > > tatan > > __________________________________ Start your day with Yahoo! - Make it your home page! http://www.yahoo.com/r/hs Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

