Etang-etang perkenalan, kuring oge gaduh dongeng kieu
yeuh.

Salah sawios manajer leueuteun Coca Cola ti Amerika
ditugaskeun masarkeun ka Nagri Arab. teras anjeunna
teh ngadamel poster iklan Coca Cola. Gambar kahiji aya
urang Arab di Padang Pasir kalaparan sareng kahausan
sapertos anu bade maot. Gambar kadua eta jalmi Arab
teh nuju ngaleueut "nohtor" tina botol Coca cola.
Gambar katilu, eta jalmi arab teh kaayaan
pangawakanana segar bugar.Teras eta poster teh
dipasang sareng disebar  di wewengkon nagri Arab.
Namung sabada dipasang poster teh, leueuteun Coca Cola
teh teu pajeng, teu aya hiji-hiji acan jalmi arab anu
ngagaleuh. Si manajer teh teras wangsul ka Amerika,
ngadeuheus ka Dununganana.

Dunungan: kumaha? sukses ngajual Coca Cola di nagri
Arab teh?

Manajer: Numawi juragan, abdi ngaraos gagal teu tiasa
masarkeun Coca Cola, anu utamina mah abdi teu tiasa
basa Arab.

Dunungan: ari ningali conto poster anu dikirim ka dieu
mah, alus, tapi kunaon teu laku?

Manajer: Kuring teu ngartos, upami maca di nagri Arab
teh ti katuhu ka kenca.


baktos,

mrachmatrawyani

--- rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    
>    
>   kapungkur di salah sahiji kampung aya berita anu
> matak ngageunjleungkeun sakumna warga di daerah
> kampung eta. anu janten perkawisna nya eta ku ayana
> hiji kaluraga anu munjung ka mayit saurna tos
> kaicalan acuk mayit anu kangge munjung sareng
> putrina anu masih keneh alit saurna eta acuk
> munjungteh tos ngahiji napel ka eta murangkalih
> numatak pami tos wanci magrib kaayaan kampung mani
> tiiseun da saurna sok aya mayit alit ngalangkung
> hampir unggal wengi teu ketang mlm jum'at atanapi
> mlm sanesna. 
>    
>   saur anu pintermah eta mayit teh putra anu munjung
> tea da teu tiasa di buka ku nyalira kedah ku anu
> pinter atanapi ku ramana anu munjungna. tah kumargi
> tos ngaraos isin pisan kaluargi anu munjung teh
> dugikeun ngayakeun sayembara anu eusina : sing saha
> anu tiasa nangkep eta mayit alit bakal di pasihan
> hadiah saparo hartana. atuh puguhweh sadaya wargi
> ngaraos kabita ku iming - iming eta hadiah tea. 
>    
>   dina hiji wengii aya salah sahiji santri ti salah
> sawios pasantren di kampung eta anu kaparengan
> ningali eta mayit alit tea sok sanaos aya rasa sieun
> anu kacida, nanging emut ka iming2 hadiah anjeuna
> maksakeun nangkep eta mayit alit. singkatna carios
> eta mayit teh tos di tangkep ku santri tadi tea
> pokonamah eta mayit teh tos teu tiasa kabur deui
> saking ku bungahna anjeuna hoyong enggal enggal
> ngabuka teli mayit mimiti ti bagian anu pang luhurna
> aman teu aya kajadian nanaon  teras bagian anu palih
> handapna dina patuangan eta mayit nanging ngadadak
> eta mayitteh ngaluarkeun haseup sareng cesssssss
> mayitna ngempesan dugi ka kempes pisan nu aya dina
> eta bungkusan mayitna mung kantun kertas sa lembar
> panasaran ku eta santri tah eta kertas  di candak
> sareng di aos nalika di aos eta kertas anjeuna
> kacida ngagebegna. ( terang teu seratan dina eta
> kertas? cing naon eusina )                    eusi
> eta kertasteh nyaeta 
>    
>    
>    
>   " ANDA BELUM BERUNTUNG"  COBA LAGIHIHIHIHIHIHI
> !!!!!!!!!!!
> 
> 
> Send instant messages to your online friends
> http://uk.messenger.yahoo.com 



                
__________________________________ 
Yahoo! Music Unlimited 
Access over 1 million songs. Try it free. 
http://music.yahoo.com/unlimited/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke