Assalamu'alaikum wr. wb.,
 
Teu kakantun, ngawilujengkeun ka warga KUSnet anu parantos ngalaksanakeun hajatan lumayan badag, HBH KUSnet 2005 di Villa Batan, Cipanas. Ngahaturkeun nuhun ka Apih + rengrengan dulur-dulur KUSnet Jakarta-Bogor-Bandung-kum sadayana salaku girang candoli oge panatacalaraga (panitia). Acara kaetang sukses. Soal eta aya kasus lilin, keun wae minangka bukur carita. Sugan wae kasusna jadi kasus P (pijodoeun).
 
Ngeunaan laporan, upama tea mah diperyogikeun, ceuk cenah ti panitia, antosan wae. Upama telat mah kama'lum, bubuhan henteu dines sakumaha kantoran ieuh eta acara urang anu di luhur teh. Sakasampeurna wae, jalaran sadayana oge gaduh kasibukan anu maneuh.
 
Cag heula nuju pakepuk pisan.
 
Baktos,
manAR
 


 
On 11/30/05, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr. wb.
 
Wilujeng enjing baraya sadayana, Allhamdullilah ping 26-27 Nop 2005 kuring bisa miluan  HBH 2005 Kusnet di vila batan puncak tur lungsur langsar. Kuring bade ngahaturkeun nuhun pisan kang rengrengan kapanitiaan HBH 2005 Kusnet kana sagala rupina keur kuring mah nyugemakeun pisan kaasup eta kaulian "perepet jengkol" baheula keur budak kaalaman ulih kitu teh. Hatur nuhun ka apih siddik sakulawargi, kang nanang, teh imas, kang runa, ambu nenny anu rame he he...., kang ikmal/teh ani, teh tia, teh mia kum wae kasadayana panitia HBH 2005 Kusnet.
 
Teu hilap kuring oge ngahaturkeun nuhun pisan ka kang ahmad gunawan tebengan mobilna nuhun pisan kang, upami kang ahmad gunawan tos 25 taun teu tepang sareng bah willy ari abdi mah nembe terang geuning bah willy teh dosen abdi kapungkur mung sigana teu sempet ka wulang ku bah willy.
 
Kuring menta hampura, waktu balik teu sempet pamitan ka panitia ari nga sms mah atos ka apih siddik, kabeneran beurangna aya kaperluan.
 
Tos sakitu wae heula sakali deui hatur nuhun kasadayana.
 
Salam
@ERN
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke