Sajak Lalaki ka urut kabogohna Anjeun angger cumarita ti baheula Bejana rek nungguan kuring Ngahaja kuring megatkeun Nu sabenerna ukur rek mapanas anjeun Kuring bobogohan jeung wanoja sejen Nu sabenerna kuring teu suka
Tapi geuning anjeun percaya, yen kuring sulaya Tungtungna anjeun wakca Rek kawin ka jajaka Kapaksa, kuring ngidinan Najan hate asa dikakaya Bral enung, Najan kuring nyaah taya papadana Geus jadi titis tulisna Meureun anjeun lain jodo -------------------------------------------------------------------- Sajak Wanoja keur urut kabogohna Naha anjeun ngabobodo? Anjeun kalah suka bungah Cenah anjeun rek saati Tapi kalah ngakaya diri Ari kuring nyaho kitu Geus pasrah nya tumarima Neneda ka nu Kawasa Meureun kieu takdir diri Ngadu'a kuring teh khusu Nyuhunkeun paningtrim ati Geusan ngajaga diri Ambeh kuring suka ati Sanggeus anjeun leupas Aya jajaka nu ngait ati Pon kuring sarua kitu Nya jadi jangji pasini Hampura, lain kuring sulaya Meureun urang lain jodo Pek geura milari Wanoja keur batur diri ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

