----- Original Message -----
Sent: Wednesday, November 30, 2005 3:53
PM
Subject: [Urang Sunda]
TIBELAT-bingah
Wa Tito, ngiring bingah tos tiasa nyelegon deui
dikantor, salam kanggo kulawargi di sby, ari keom mah masih ready stock, ngan
nyaeta pami ditamplokeun sadayana didieu, bilih bari pami dibukukeun teh da
tos maraos. Enya kamari teh kasak kusuk sareng MJ perkawis sakadang keom,
saurna anjena sanggem janten fasilisator ka penerbit,nya kalebet program YP
no.7 tea, kitu deui waktos ngarumpi sareng teh ipeut, anjeuna nyarios
kieu " kang syam itu ada bakat coba kembangkan itu !" najan mamalayuan oge teu
digebah, biasa bu guru mah asa nyarios ka muridna panginten he he. Si ua sas
sareng mama manaR ge mani keukeuh sikeom teh kedah dibukukeun. Enya asa
aya nu nyumangetan utamina ti para sepuh, mudah-mudah kabirunyungan ku
milik,ayeuna bade tatahar, ngedit keom anu tos aya, mudah-mudah aya ideu
deui, janten keomna euyeub, basana langkung gaul, seurina langkung nyakakak.
Enya da sesah sesah gampil ngadamel pikaseurieun teh, teu cara nyeungseurikeun
batur asana gampil pisan.he he
Tah kitu wa Tito, ieu mah nembe babalagonjangan,
pami janten nya alhamdulillah, pami teu janten nya etang etang ngalamun we.
Kade nya pami tos aya bukuna, tong kawon ku teh Tien, saurna tos wakca
bade pangheulana ngaborong, he he.
SR