Kang MH, leres basa sunda teh hese, utamina dina undak
usuk basa + basa tulisan. Mangga titenan ku Kang MH,
tulisan wargi-wargi urang sadaya di KUSnet oge, masih
keneh loba nu patukeur, hususna dina nulis kecap "EU"
ditulis "E"jeung sabalikna.

Ka Kang Rachmat, seuseueurna langkung terangeun
MAJALAYA nu di Bandung Kidul tibatan MAJALENGKA. Tah
lamun urang nyebatkeun asal ti MAJALENGKA, jawabanna
teh biasana "Euh ti Bandung". Ceuk kuring lain
Bandung, nu di Bandung mah Majalaya, ieu mah
Majalengka, wetaneun Sumedang samemeh Cirebon. 
Enya euy asa leutik hate, daerah Majalengka mah teu
pati dikenal ku balarea. Sugan isukan mah jadi
tarerangeun, nyandak hikmah ti kalakuan teu patut
"Salik Firdaus".

Nuhun.
Jaka

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> nitenan beja "pabaliut" perkara bupati nolak  narima
> nguburkeun mayit, kuring jadi inget kana obrolan
> kamari jeung  abah surya. nyaeta ngeunaan respon
> masayarakat, kana artikel pikiran  rakyat, anu
> nyimpulkeun majar abah surya boga pamadegan yen basa
> sunda  teh hese. numutkeun anjeunna, tetela eta
> simpulan teh geuning can  anggeus, alias "sapotong".
> cenah lengkepna mah, kira-kira kieu:  kulantaran
> basa sunda teh dianggap hese, nya kudu dibarengan ku
>  cara-cara ngajar anu kreatif. nu dicutat ku
> wartawan, ngan frase ka  hiji, frase kaduana jigana
> "ngahaja" dipiceun ngarah boga ajen  kontraversi. 
>   
>   kasus kadua, masih aya patalina jeung isu basa
> sunda. dina artikel  pikiran rakyat oge, majar kang
> yus rusyana nyimpulkeun, yen dina  perkara basa
> sunda di sakola, urang sunda ulah ngarawu kusiku.
> ieu oge  tetela cenah ngan dicutat sapotong. ari
> lengkepna mah cenah kieu:  pikeun ngajarkeun basa
> sunda di sma ulah ngarawu kusiku, sabab  kandungan
> basa sunda nu rek diajarkeun di sma teh luas teuing,
> lantaran  eusina disalaraskeun jeung kandungan
> pangajaran basa indonesia. padahal  jumlah jam
> pikeun ngajarkeunana teu sarua. tah kitu asana nu
> katangkep  ku kuring kamari. kang oman, upama salah
> pang ngoreksikeun.
>   
>   nitenan dua kasus di luhur, jigana pikeun nyikepan
> isu bupati nolak  mayit rakyatna, jigana perlu
> filter nu cukup. urang tungguan kumaha  geletuk
> batuna, gejebur caina.
>   
>   salam,
>   mh
>   
> MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>         Informasi anu pangahirna, tadi enjing abdi
> kenging
>   wartos ti pun adi, anu damel di pemda Majalengka, 
> Ibu
>   Bupati teh nuju dines ka Jakarta dugi ka Sabtu
>   ('dines' atanapi "nyingcet" tina masalah?)
>   Pan kamari oge anu ngadamel bantahan di PR teh ku
> Asda
>   I.
>   Karunya oge ka Ibu Bupati teh, teu acan pangalaman
>   dina mayunan "teroris" wartawan. Sigana teu biasa
>   nerapkeun "manajemen krisis", jadi asa langkung
> aman
>   lamun nyingkahan masalah ku cara "nyingcet" tea.
>   Padahal mah, siga ceuk kang Jaka, sagala tingkah
>   paripolahna teh 'dicatet' ku masyarakat.Boa-boa
>   kawijakanana tiasa jadi sinetron anu ratingna 
>   pangluhurna.
>   
>   Kamarina kuring ngobrol sareng hiji profesor ti
>   Fakultas Kesehatan Masyarakat UI. Teras eta
> profesor
>   teh naros ka kuring, asalna timana? Ku kuring
> diwaler
>   kalahiran Majalengka. Eta profesor teh  teu
> terangeun
>   daerah Majalengka. Teras kuring teh ngajelaskeun
> "Itu
>   lho prof, yang salah seorang penduduknya pelaku
>   peledakan BOM Bali II, yang mayatnya ditolak
>   dikuburkan di Kampungnya". Ku penjelasan siga kitu
>   teh, eta profesor teh nembe  terang daerah anu
> namina
>   Majalengka. 
>   
>   
>   baktos,
>   
>   mrachmatrawyani 
>   
>   --- tarawadul tarawadul <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>   
>   > Nepangken heula abdi turunan jawa tiasa sunda..
>   > linggih di JKT asala Kertahayu
>   > /Banjar/Ciamis/Jabar/Indonesia.....
>   >   
>   >   Ngenaan kabeh berita di handap etateh nembe'
>   > wacana teu acan fix  janteun nu hebat mah
> wartawan
>   > ,,,,,
>   >   
>   >   Sok geura ma,enya bupati kitu....
>   >   
>   >   Cag ah....
>   
> 
> 
> 
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>               
> ---------------------------------
>  Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million
> songs. Try it free.



                
__________________________________ 
Yahoo! Music Unlimited 
Access over 1 million songs. Try it free. 
http://music.yahoo.com/unlimited/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/t7dfYD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke