Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakaatuhu,
Punten kang Edi, rada sakedik OOT
yeuh. Keun lah perkawis Cianjur mah, abdi parantos terang, panginten tugas
urang-urang anu 'leres' kanggo 'ngalereskeunna' kalakuan benceuh jaman kiwari
utamina ngawitan ti kulawargi urang sewang-sewangan.
Mung eta kang Edi nyarioskeun perkawis kuda anu janten
syirik, naha da abdi mah asa nembe ngadangu ieu kasus teh, nu kumaha kitu ieu
carios teh saleresna? janten panasaran kang, tiasa teu ngadongengkeun ka abdi,
nya singkat tur padat we lah sapertos biasana, rumaos yeuh abdi teh kirang pisan
bewara ti lembur, hatur nuhun kang kana saneskanten
perhatosanana.
Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakaatuhu,
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Edi Ruswandi
Sent: Wednesday, November 30, 2005 6:52 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] CIANJUR
Ass. Wr. Wb.
Sim kuring kaleresan tos taun katilu kuli di Cianjur, oge kaleresan
pakulian teh payuneun SMA nu dimaksad tea. (Mugia musibah nu kaalaman ku SMA 2
janten pieunteungeun urang sadaya).
Katingal ku sim kuring mah seueur "upaya" nu sae nu dipidamel ku Pemda
Cianjur + Ulama Cianjur, namung panginten masalah kamasiatan mah teu gampil
ngalempengkeunana (masalah urang sadaya nu ayana sanes di Cianjur bae).
- Cianjur tos wantun ngalarang kegiatan Akhmadiah. Di masjid Akhmadiah
jalan Muwardi, merk Akhmadiah-na tos teu aya.
- Perkawis kuda tea, Agustusan kamari oge si kuda oge ngiring pawey,
namung nu naekna salah sawios ulama Cianjur (salah sawios upaya ngalempengkeun
akidah da saurna kuda kosong nu parantos dilarang tea pinuh ku hal syirik). Bada
pawey nu nunggangna ceramah di Masjid Agung Cianjur ngabahas perkawis kuda tea
(ceramah rutin bada Dhuhur).
Punten akh bilih teu nyambung.
Wassalam
joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Gun, punten sim kuring beda pamadegan + salira.
Aya kamasiatan di Wilayah Cianjur ceuk kuring mah teu
bisa ditibankeun kasalahanna ka Pemda Cianjur anu
hayang ngalaksanakeun syariat Islam. Punten sing
atos-atos ulang langsung vonis "salah", margi jelas
tujuanna sae, tinggal prakprakanna jiga kumaha.
Wassalam
Jaka
--- GUNAWAN YUSUF <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten teu disundakeun, hal ieu teu leupas tina
> kasalahan Pemda Cianjur anu dina slogan rek
> nerapkeun
> hukum Islam, tapi kanyataannaa wilayah cianjur loba
> dipake tempat maksiat, contona wilayah puncak,
> mustahil pemda teu uninga kana ieu masalah,
> lingkungan
> ieu anu janten pendorong tindakan asusila barudak
> sakola, Pemda Cianur lainna nutup tempat-tempat
> maksiat, malihan mah malah nutup kasenian nu tos
> ratusan taun contona budaya naek kuda dina agustusan
>
> Revolusi Seks Bangku Sekolah
>
__________________________________
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
http://mail.yahoo.com
Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

