sampurasun, poe ieu 1 desember dijadikeun poe aids sadunya, make tema "stop aids, keep the promise" sedengkeun tema di indonesia mah, "kepemimpinan dan penanggulangan hiv/aids".
di handap aya sababaraha data ngeunaan aids, meunang googling kamari jeung macaan koran. mudah-mudahan manfaat. *** pengidap aids/hiv di indonesia rereana ayana di jawabarat (PR, 29 syawal 1426 h, kaca 1), Data di sekertariat komisi penanggulangan aids nasional, nepi ka pertengahan taun 2005 ningalikeun yen di jawa barat aya 57 urang nu keuna ku aids, 12 urang hiv. disusul ku papua (19 aids/1 hiv). katilu sumut (19/0) jawa timur (15/0) dki (10/0). duh gusti.. sedeng di indonesia, data ti unaids (united nation for aids), aya 7.098 nu positif aids/hiv. sedengkeun angka perkiraan sagemblengna (total?) aya kana 130 rebu urangna. malahan Prof Dr dr Samsuridjal Djauzi SpPD , ketua pengarah Temu Ilmiah Perhimpunan Dokter Peduli AIDS Indonesia, memperkirakeun (sunda?) antara 500 rebu nepi ka 600 rebu urang. panglobana alatan ngagunakeun jarum suntik babarengan nyaeta 340 rebu (asumsi 60 % tina nu make narkoba suntik). (http://www.kompas.com/kompas-cetak/0511/28/humaniora/2245518.htm) geuning ... mun di dunya, data ti unaids, netelakeun yen taun 2005 nu hirup jeung hiv/aids (odha) nerekel nepi ka 13.8 persen atawa 4,9 juta. total odha di taun 2005 aya 40,3 juta, 17,5 juta diantarana awewe jeung 2,8 juta budak dihandap 15 taun. wilayah nu pangluhurna odha nerekel naek nya eta daerah sub sahara di afrika. aya kana 3,2 juta odha anyar di ieu wilayah (total 2005, 26,8 juta). sedengkeun wilayah asia kadua (boh pertumbuhanna oge total odha). odha anyar di asia aya 2 juta urang, total 2005 2,3 juta. di asia tenggara sorangan, data ti world bank nunjukeun yen nepi ka taun 2003 akhir, diperkirakeun odha panglobana aya di thailand 570 rebu urang, disusul myanmar 330 rebu, vietnam 220 rebu, indonesia 110 rebu, malaysia 57 rebu, pilipina 9 rebu, singapur 4,1 rebu jeung laos 1,7 rebu. kudu... salah sahiji cara ngahindari aids nyaeta jauhan narkoba, jeung lakukeun seks sehat. === :::dh::: diajar nulis borondongjagong.blogspot.com -- "keindahan dan kekejaman, mengapa keduanya itu sering bergandengan dan kawin?" (burung-burung manyar, yb. mangunwijaya) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

