Ass wr
wb.
Sumuhun akang kujang
(eh duka akang naon ieu tehh,
teu acan terang )…
Aya conto didieu yeuuh…
Ayeuna abdi tos bade
2 taon ngumbara di Oman. Alhamdulillah tos
hampir sakulibek oman ka tincak ku sim kuring, nya
terutama tiap juma’ah da liburna didieu mah dinten juma’ah.
Nyakitu di dieu ge pas sholat jum’at
teeh aya nu adzan 2x aya
anu ngan 1x, tapi da aman-aman
wae geuning di dieu mah…sugan aya cek-cok
da henteuu..
Kitu oge perkawis takbir : aya nu ngankat
panangan teras di lipet di
payunen dada, aya nu henteu, ngan
ajeg wae nangtung…da teu janten perbedaan
di dieu mah…estuning adem ayem
tentrem enggeleng gem ceunah saur pak
Zaenudin MZ mah…hehehe. Matakna sim kuring ge
rada betah yeuuh di dieu
tehh..hehehe
Naha di urang mah, nu kitu
ge mani
dugika ribut kitu nyaa…abdi ngiring prihatin
ka urang Paseh. Komo deui abdi
ge kawitna
ti sumedang (lebakeun paseh).
Hatur nuhun ahh..
Punten ah sundana pabaliut..hehehe
-----Original Message-----
From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf
Of kang boim
Sent: Thursday, December 01, 2005
8:52 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Salik
Firdaus Akhirna Dimakamkeun
Leres bah Willy,
rata-rata lamun ku urang dititenan kaributan di pilemburan teh asalna mah teu
pira akibat tina beda pamahaman. Saperti kajadina anu anyar kaliwat di daeah
sim abdi (kacamatan Paseh - Sumedanga) mimitina tina beda paham soal
juma'ahan, nu hiji lamun jumaahan teh geus biasa make adzan 2 kali, nu
hiji deui make adzan sakali. Tah titidinya anu make adzan sakali nyieun
kelompok (jama'ah) atawa misahkeun maneh ngayakeun juma'ahan nu make adzan
sakali, nu akhirna timbul kacurigaan majarkeun ajaran si eta mah salah teu
parok jeung batur beda jeung urang nu akhirna ngarembet kana masalah nu liana.
Sok padahal mah lamun urang gede tinimbangan jeung asak jeujeuhan nanaon oge
bisa dibadamikeun, lain ieu mah kalahka ngalajur nafsu da ari nu salah mah anu
teu tara sholat juma'ahan lin....? boh adzan sakali boh 2 kali dua-duana ge
bener (aya contona)
Jeung anu pangpangna mah tokoh atawa kokolot didinya sieun ilang pangaruhna
atawa turun wibawa jeung sieun ditinggalkein ku jama'ahna laun tea mah
ngabenerkeun yen sholat juma'ahan adzan sakali oge bener. Padahal teu kitu
sabenerna lamun urang jadi pamimpin kudu leuleus jeujeur liat tali, landung
kandungan laer aisan ceu paribasa tea mah. Jadi pamikiran teh ulah pondok tapi
boga pamikiran anu jero alias lega ambahan atawa luhur elmuna.
Cag...ah, nuhun. (punten jadi ngalantur)
"kudjangs"
On 12/1/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Basa HBH kamari, ngobrol sareng Kang Iim, kang MGT oom
Teddy jeung nu
sanesna, soal kaributan aliran agama di salah sahiji desa di Kec. Paseh
Sumedang. Dina obrolan ieu, tepi ka kasimpulan, boa-boa kaributan ieu teh,
disababkeun mimitina tina "beda aliran" ti "mainstream" nu
aya di Desa
eta.
Tapi, mudah-mudahan we, kuring salah .......
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS