Awewe langkung seueur batan lalaki mah sunnatuloh Kang (1 pameget 'kenging' ka 4 istri kacumponan mun jumlah istri langkung seueur 4x)...tandaning akhir zaman deui. Nu sanes langkung uninga meureun. ka
-----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of waluya56 Sent: Friday, December 02, 2005 8:37 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: Penduduk jeung Pendidikan di Jabar (lolobana wanoja katut ka angka BH2-na?) Bieu kuring sakali deui ka www.bps.go.id, panasaran, da ceuk BPS pusat mah, di Jabar teh lalaki langkung seueur ti awewe (sensus Nasional taun 2000), Ceuk hasil sensus taun 2000, penduduk jabar teh 35. 729.537 jiwa, 18,051,784 lalaki jeung 17,677, 753 awewe. Janten ceuk sensus nasional mah, di Jabar teh (oge di Indonesia), surplus lalaki! Tah upama ceuk data BPS Jabar, ayeuna (taun 2003) langkung seueur awewe, hartosna aya "perubahan drastis" sex ratio dina jangka waktu 3 taun. Sensus nasional biasana dilakukeun 10 taun sakali. Hasil sensus nasional taun 1990 sareng hasil sensus nasioal 2000, sex rationa ampir sami, lalaki langkung seueur ti awewe. NU hartosna pola "sex ratio" ti taun 1990 dugi ka taun 2000, teu aya perobahan drastis. Tapi ti taun 2000 ka taun 2003 aya nu robih "luar biasa" ......... rada aneh oge nya? Cik kumaha tah Teh Ika, urang Bapeda, sugan terang kunaon datana jadi rada pajeujeut kieu? Baktos, WALUYA --- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ==== dikeureut > Penduduk > > Ceuk hasil BPS, penduduk Jabar umur antara 10 - 44 taun taun 2003 teh total jendralna aya 23.107.717 jiwa (tangtu wae jeung badanna, sabenerna mah, piraku ukur jiwa bisa disensus :) ). Tina jumlah sakitu, panglobana sumebar penduduk Jabar teh di Kab. Bandung (11%), Bogor (9,5%), jeung Kota Bandung (7%). Nilik tina angka prosentase ieu, anu teu ngahontal nepi ka 10%, kawilang rata oge sumebarna manusa anu dumuk di Jabar teh. > > Lolobana awewe > > Ceuk statitistik BPS keneh, jumlah penduduk awewe dibanding lalaki di Jabar, tetela loba keneh awewe. Geura wae timngali angka ieu: tina jumlah 23.107.717 jiwa penduduk Jabar, aya kana 11.656.331 (50,44%) diantarana eta awewe alias wanoja, sedengkeun sesana: lalaki (yakin teu yeuh ka BPS? boa-boa aya diantarana anu lain lalaki, oge teu kaasup awewe, wallohu'alam). Anapon Kab./Kota anu panglobana awewe, "hasil survey membuktikan" (sanes ceuk Kang Sony jagoan game ieu mah), tetela ....Kota Tasikmalaya (lain Indramayu geuningan). Ceuk BPS, taun 2003, babandingan jumlah awewe dibanding lalaki penduduk Kota Tasikmalaya-Sukapura ngadaun ngora - eta 55% : 45% atawa di Kota Tasikmalaya, taun 2003, aya awewe sajumlah 290.916 jiwa sumanding jumlah penduduk lalakina anu jumlahna 237.300 jiwa. Hidup Tasik euy...eh!!!. ========Dikeureut ========= > > > baktos, > manAR > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

