Sakantenan teh Tien abdi nyuhunkeun dihapunten, margina pas harita teh waj teu tiasa ngarencangan angkat ka Villa, naon margina nya eta tea hujan wae, sareng kedah biasa koordinasi heula sareng barudak anu aya di Bogor anu bade ngiring ka Villa.
 
Tah pas teh tien saurna ato dugi ka lokasi, teh tien nyaurkeun yen naha cenah Vila teh kosong keneh plus di konci deuih, wah reuwas oge abdi teh, paur teh tien cuang cieng nyanyaliraan. Tah teh tien teh nelepon we ka adbi teh, ku abdi teh di piwrah cobi ka warung heula ngobro, sareng anu di warung, sakantenan ngantosan abdi. He..heu..pek teh duka naon anu terjadi teh...he...he....
Akhirna mah abdi sms kang MGT anu tos aya di cipanas, sareng masihan no  kang MGT ka teh tien.
 
Ahirna mah ngabiur we abdi tiluan kana motor sareng reza plus kang dadang, bari kukucuprutan huhujanan jaba tiris deuih. Di satengahing jalan kuring teh sms we kang teh imas plus kang nanang ngawartosan Vila teu acan di buka, pek teh nelepon, nya rada rundag randeg naek motor teh (nya eta tea kudu mukaan helem, he..he..) pan jadi ribet. Nya sajajalan teh imas teh neleponan terus, tp teu di angkat2 ku kuirng teh, nya da kagok atuh, hayo wae buka/tutup helm, he..he...
 
Ngan jujur euy, kuring naek motor ti Bogor ka Cipanas teh mani asa potong etang cangkeng sareng punduk teh, nya wajar wae : nyandak kaos panitia sa ransel, eta mani nyeri pisan tonggong, komo pas di puncak mah, meni cecengiran ku nyeri tea. Anu akhirna mah ka si reza teh, za cikan lah gantian euy mawa motorna da teu kuat ku nyeri.
 
Ari pek teh tos dugi ka ditu teh geuningan tos rempeg, aya teh tien, kang MGT, kang Amin, sareng kang Irpan. Akhirna mah wengina langsung beberes lokasi we heula, sareng masang spanduk di hareup. Duka dugi ka tabuh sabaraha tah???
 
Cagg...he..he...
 
Naek kuda teh tien teh ? Kiateun teu nya kuda na? he...he.....

 
On 12/1/05, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Naek kuda ?
euleuh....karunya teuing kudana nya...
hi hi

-dul-

--- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]>

wrote:
>
> Haturan kang Amin.....
>   Leresnya kang...! urang sugema tiasa riung mungpulung sadaya
baraya kusnet, ti nu anom, dugi ka nu sepuh, ti baraya enggal dugi
baraya heubeul, asa nembe rame kieu mah. Kukituna si teteh oge
ngahaturkeun nuhun kanggo sadaya panitia, kang Nanang, TEh Imas, teh
Neny, kang Ikmal, cep Runa sapakanca, kum wae kasadaya panitia.
Kanggo kang Sidik anu mangku hajat, hatur nuhun kang..! alatan akang
HBH tiasa terselenggara.
>   Kang Amin, sanajan karek panggih tapi akang satia tur bageur, ti
mimiti nungguan si teteh penutupan lokakarya di htl Ever Green, nepi
ka di candak ka bumina, anu sakitu saena panampian ti kulawarga
akang. Hatur nuhun pisan tos ngarerepot sagala rupina, teteh teu
tiasa males, keun balesannana mah ti Gusti Alloh...amin
>   Dasar si teteh teu sabar nungguan kang Runa, hayang geura jung ka
Villa Batan, nya ngurihit ka kang Amin menta dianteur da teu tebih ti
bumi kang Amin.  Harita nungguan raat hujan, nya lahaola wae si teteh
jeung kang Amin naek motor ngajug-jug Vila Batan tabuh 9 wengi, tos
di jalan hujan ngaririncik ari barang nepi teh asup ka Vila, mani
paroek euweuh jelema hiji-hiji acan, si teteh jeung kang Amin culang-
cileng heran, bingung ceuk na hate naha teu acan persiapan kitu..?
kumaha ieu teh..? terus tilpun teu aya anu nyambung, jeung sieun da
paroek sepi deui, keur bingung aya satpam nyampeukeun, si horeng Vila
teh lain didinya.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke