Diteraskeun ti milist sapalih, manawi aya manfaatna.

manAR


--- In [email protected], oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Haturan Teh Siti,

Nami-nami muslim (anu nganggo basa arab) kalintang seueurna, bade 
nyandak
tina asmaul husna (Al Qur'an) atanapi ngarakit tina basa Arab anu 
hartosna
sae, tiasa wae. Pon kitu deui, nami anu sae atanapi nami basa Sunda 
anu
hartosna sae tiasa wae. Ieu nami Insya Alloh satingkat sareng nami-
nami anu
asalna tina Al Qur'an/basa Arab anu hartosna sae.

Maparinan nami anu sae ka murangkalih eta kalebet kawajiban anu jadi 
sepuh.
Nami dina lebah dieu ngarupakeun do'a, cita-cita, atawa harepan ti 
sepuhna
ka anu jadi anak. Tangtu wae, sadayana pakait jeung laku lampah, amal,
sareng naon rupi bagean kahirupan anu sararae. Ngeunaan nami anu sae 
ieu,
dina tradisi Islam, aya sababaraha patokan.

Kahiji, nuturkeun sakaol hadist anu netelakeun yen nami-nami anu sae 
teh
diwangun ku asma'ul Husna + kecap "Abdu" anu 
hartosna "hamba", "makhluk", di
payunna. Upamana wae, Abdul Muhyi tina asmaul husna "Al Muhyi", anu 
Maha
Ngahirupan, + Abdu: Abdul Muhyi (hamba ti anu Maha Ngahirupan) . Pon 
kitu
keneh, nami-nami sapertos Abdul Manan, Abdul Hamid, Abdul Aziz, 
Abdurahman,
jst, ieu kalebet-kalebet nami-nami ngagunakeun patokan di luhur.  
Kapungkur,
ngadamel nami sarupi ieu kantos populer, namung ka palihdieunakeun 
seueur
anu tos teu ngaranggo deui. Sigana, jaman kiwari, kecap-kecap "Abdu" 
atawa
"Abdul" dipayuneun kecap asmaul husna rada morosot pasaranana. Namung 
teu
kitu saleresna mah, da jalmi mah salian ti ngaran, oge kumaha eusi anu
nyanding eta ngaran.

Kadua, aya oge anu maparinan nami anu sae ieu ku cara nurutan nami-
nami
tokoh-tokoh Islam atawa tokoh sajarah atawa tokoh kamanusaan anu sae.
Upamina wae, Nami "Muhammad" eta nyonto kana nami kangjeng Nabi 
Muhammad saw
(saleresna, nami "Muhammad" asal kecapna kalebet oge asmaulhusna, 
sabanding
sareng: "Mahmud" atawa "Al Hamid"). Dina patokan anu ieu, nya nami-
nami
sapertos: Ali, Hasan, Husen, Fatimah, A'isyah, Aminah, Abu Dzar, 
Sumayyah,
jst, ti rengrengan para sahabat. Atuh kapalihdieunakeun, ti 
rengrengan para
wali atanapi jalmi-jalmi sholeh sanesna aya nami-nami: Ali Zainal 
Abidin,
Fariduddin Attar, Abdul Qodir (ieu kalebet oge nami tina fatokan anu
kahiji), jst sakitu seueurna (teu acan kalebet tokoh-tokoh Islam 
Nasional).

Dina patokan kadua ieu, tiasa oge urang nyonto nami-nami anu sararae 
ti
rengrengan inohong-inohong Sunda baheula dugi ka ayeuna. Upamana wae
nami-nami: Ajiguna, Linggabuana, Ragamulya, jst. Aya kahemeng lebah 
dieu:
moal asa kabaheulaan teuing atawa beurateun ku ngaran upami nami-nami 
anu
sapertos kitu dianggo?

Katilu, aya oga patokan nami ku cara ngagabungkeun antara nami anu 
sae +
kecap "din" + (hartosna : agama, jalan hirup) + nami kulawarga 
(clan)/bapana
anu jadi putera. Upamana wae nami-nami : Jalaluddin Rahmat (kagagahan 
agama
+ Rahmat nami kulawarga/sepuhna), Jamaludin Wiartakusumah (kaendahan 
agama +
 Wiartakusumah = nami ramana), jst. Pon kitu keneh, nami-nami saperti:
Ihsanuddin, Fariduddin, Zainuddin + masing-masing nami kulawarga,   
jst, ieu
kalebet nami-nami nganggo patokan katilu. Dina leresn ieu, tiasa wae 
dianggo
nami, upamina: Jamaluddin Ahmad (pameget), upami isteri: Na'imah 
Ahmad, jst.

Kaopat, nami-nami anu asalna nyutat tina Al Qur'an atawa Al Hadist 
atawa
istilah-istilah anu sae tina agama, sagemblengna atawa dimekarkeun
(dipilarian derivat atawa turunan kecapna). Upamana wae nami-nami:  
Zaki,
Muthahhari, Na'imah, Haidar,  jst. Tina wacana budaya Sunda nami-nami 
ieu
kalintang seueurna, upamina: Asih, Karta, Sasmita, Kania, jst.

Kalima, nami kenging ngarakit sorangan tina kekecapan anu sae sangkan 
jadi
hiji do'a atawa harepan anu sae. Upamina: tina kecap "hubbaka" (=
asih/kterasn Anjeun/anjeun) sareng "ghoyatii" (tujuan abdi) tiasa
ngajenggelek hiji nami anu lumayan endah: "Hubbaka Ghoyati". Pola 
sapertos
kieu tiasa wae digunakan kanggo kecap-kecap anu aslina tina basa 
Sunda,
upamana: Ajiguna Permana (sangkan anak lalaki urang teh jadi hiji
panutan anu manfaat tur waspada salawasna), Ratna Wulan (sangkan jadi 
jalmi
anu kalintang luhur darajatna, sapertos inten, tur jasmanina + 
akhlakna
 geulis dipikaresep siga bulan), jst. Contoh sanes: Aria
Santana(tokoh anu -bahasa Indonesia-kesatria).

Rupina sakitu wae, pamugi aya manfaatna.

baktos,
manAR
PS: aya saena tataros ka nu ahli, upamina: pangersa H.R Hidayat
Suryalaga (022-7801282)


On 11/30/05, siti komariyah ahmad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Manawi aya anu ngaduh daftar nami (muslim) kanggo si utun anu 
sakedap deui
> bade gumelar. Tangtosna kedah lengkep sareng hartosna.
> Kana pitulungna si kuring ngahaturkeun nuhun
>
> baktos pun
> ahmad
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai 
sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]

--- End forwarded message ---






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/SBefZD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke