wur-wur-wur ah......urang sawer yeuh......
calon panganten nu tos ngabudalkeun sair sundana hehehe.....
.........
kumaha kang syam carana teh pikeun ngengingkeun rasa dedeuh nu kitu teh....
sigana teh meni2 hehe.......
... ah ku jaman ayeuna mah jarang aya nu kawas baheula ..... atawa nu digambarkeun ku sair kang syam hehe...
panginten kang syam pangalaman atawa wacana hehe.....
...........
bray atuh bulan..... kamana hidep teh atuh hahaha...
tos ah......
Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hahahahahahahahah aya ku tiasaaan kang syam aduh kulit beuteung meni nyeri maca suratna bakating ku teu kuat seuri...majarkeun teh ceu batur sakantor kaeunteupan jurig email cenah........#meni ngeunah nya mun lalaki ngan mawa rasa kasono wungkul jeung katresna...----- Original Message -----From: syam ridwanSent: Thursday, December 01, 2005 2:05 PMSubject: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat WaleranKahatur,Rai anu pangbageurna sadunyaEnung junjunan ati, panglipur eusining kalbu,bingah pagalo sareng kareuwas nampi serat tisalira teh, bingahna lantaran tos lami dianti anti, atuh reuwasna lantaran eusina matak nyentug kana jajantung, ngajedag kana tulang iga, sumarambah kana bayah, reuwas alah batan kabentar kugelap tengah poe ereng ereng awor sareng ngagelegerna sora galunggung basa keur bitu. Asa teu gugur teu angin, majarkeun teh akang kacilakaan. Beja tisaha ? Sareng serat tisaha ? Da akang mah teu rumaos ngintun serat samodel kitu. Malihan alhamdulillah dugi ka danget ayeuna masih dipaparin jagjag waringkas teu kirang nanaon, ngan nyaeta ari biwir mah tetep we jeding tilas kapungkur ku salira digegel bakating ku geugeut. Hmm...matak kitu ge panginten aya nu hoyong tali katresna urang, peunggas ditengah dijalan. Eta mah teu langkung salira, mun salira percanten kana eusi serat eta,panginten salira ku anjeun anu nyoehkeun lambaran kasatian urang salami ieu.Enung...ayeuna mah tong ngagulung kabingung, miara karempan, da akang mah ti baheula ge tetep satia, moal sulaya kana jangji komo deui midua katresna, ampun paralun teuing. Deneng eta dipangumbaraan seueur nu ngeleketek hate, rea anu ngajamparing ati, tapi hate akang tetep nyangreud pageuh, ngait dina kastop hate anjeun. Najan paanggang aya dipentaseun sagara, tetep hate urang mah pan teu weleh paanjang-anjang. Najan rasa tibelat dugikeun ka janten jarawat, rasa karindu dugikeun ka ngabatu, demi kasatian,tetep ari nerejel mah ngan ukur dina impian, ukur jeung anjeun.Enung...sasih rayagung sakedap deui nyungsi, sasih nu ku urang dianti-anti bakal nohonan jangji,sapapait samamanis dina iketan laki rabi, sasih nu ku urang diantos-antos, bakal ngaraosan anu raos raos. Urang ikrar dipayuneun panghulu, bakal satia satuhu, silih asah,silih asih, silih asuh, silih asaan. Naha leres cinta teh pinuh mamanis, naha leres cinta teh keueut alahbatan peueut? Jawabna, yu urang buktikeun dina mangsa peuting munggaran. Ehem !Enung...perkawis raksukan,tempat resepsi,kartu ondangan,juru rias, orgen tunggal, sareng nu sanesna, teu kedah janten emutan, akang pasti tanggel waler, maksad teh tanggel waler ngadugikeun ka tuang rama, keun wang carioskeun kieu " Pan bapa teh tos masihkeun sinyai ka abdi, atuh sakanten we masihan kanggo waragadna, upami tos nikah sakantenan masihan sareng rorompokna, oge sawah ledokna, teu kakantun honda jazz-na, tong kapalang nya bela, janten mitoha pangbageurna sadunya !"Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu, bade wakca tiayeuna margi dina waktosna panginten ngan ukur rangkibung ku rasa rindu, rarebo ku rasa kasono, deneng eta nu jajap bakal ngaleut ngeuhkeuy bandaleut, hapunten upami dina emprona ngan ukur ngaripuhkeun tukang susuguh. Hayu atuh sabada walimahan mah urang gura giru ka vila Batan urang cacarekan sakantenan hanimunan salami tujuh wengi tujuh dinten. Keun ulah kaganggu ku rametuk, ulah kagoda kunu ngolebat, sabab rumetuk sareng nu ngolebat ge, panginten kabitaeun ningal urang duaan sosonoan. Salajengna hayu urang nyeepkeun kapanasaran, urang ayang-ayanggung, leumpang paduduaan mapay mapay jalan Cipularang. Kumaha kersa ? Naha geuning bet ngabetem. Pajar atuh cinta teh pinuh pangorbanan, pajar atuh kaasih teh taya pisan ka pamrih.Mung sakitu anu kaunggel, nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna,urang patepung lawung di bale nyungcung dina sasih rayagung ! Mugia !Nu nganti dipangumbaraan
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

