Wilujeng penataran wae ah. Ke diantos dongengna --- oman abdurahman wrote:
Baraya Sunda sa-alam dunya,
 
Ieu mah seja iber wae. Ngeunan patikungniangna anu ngaguar budaya Sunda nepi ka kuncen oge ditatar. Sugan bae lain ukur kulit anu moncorong teh, tapi katut ka eusina. Aya dua kagiatan anu pakait jeung hal eta dina jero bulan Nopember jeung Desember ieu anu seja diiberkeun: 1) "panataran" para kuncen sa-Jawa Barat, jeung 2) pasanggiri rampak kacapi suling I, 2005.
 
 
1. Panataran para kuncen.
 
Kagiatan anu kahiji judul lengkepna: "Penyuluhan Juru Pelihara dan Kuncen Se-Jawa Barat",. Nya kaasup salah sahiji acara panataran atawa sosialisasi tea.  Geus dilaksanakeun kagiatan sosialisasi anu ieu mah nyaeta salila dua poe (Rebo-Kemis, 23-24 Nopember 2005 di Panjalu (hiji kota kacamatan di wewengkon Kabupaten Ciamis beulah kaler). Anu boga hajatna: Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan (Disbudpar) Jabar. Alhamdulillah, si kuring kaparengkeun nungkulan bubuka eta acara, malah sakalian nganjang ka patilasan Bumi Alit jeung Situ Lengkong, bareng jeung  rombongan panitia ieu acara.
 
Sakurang-kurangna aya 2 kareueus nyakseni kagiatan panataran para kuncen teh: eusi acara sosialisasi  jeung wewengkon dilaksanakeunana eta cara.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke