Wilujeng enjing oge ka kang Taufik, sareng baraya sadaya.
 
Perkawis pakan, hanjelu pisan sim kuring samasakali teu gaduh pangalaman dina eta widang. Namung ari sakadar saran Insya Alloh. Komponen penting dina Pakan malih sok diimpor nyaeta "tepung ikan" Palebah dieu sim kuring heran kacida, margi negara urang kapan kaya lubak libuk ku lauk laut.Naha bet tepung ikan kudu ngimpor sagala??? Suuk, jagong, bungkil, jigahna janten salah sawios bahan pikeun Pakan.
Pamadegan sim kuring naha urang atanapi pamarentah teu ngembangkeun sumber-sumber bahan tadi tug dugi ka industri sapertos Pakan ternak/pelet. Kan kucara pilot proyek misalna di Sumatera (Lampung) gudang jagong, tiasa nyedot padamel sareng industri hilir jadi sumber kahirupan. Malih matak naon ngembangkeun bangkong sawah atanapi rawa-rawa jadi sumber gizi Pakan gaganti tepung ikan anu awis??
Jigahna mung kirang teknikna wae, sapertos kumaha ngaramu bahan-bahan anu aya. Di sawah Karawang ditakdirkeun aya Keong koneng jadi gulma pare?? Hikmahna eta keong anu baranahan teh digiling janten tipung. Sapertos eta teras dikembangkeun, kawitan kubibilintik, etang-etang panalungtikan (laboratorium) anu kadituna janten hasil maneuh Pakan gegentos, atanapi pilihan sanes (difersifikasi produk). Kacida untungna pikeun peternak saupamina aya pilihan pakan, komo lamun tiasa ngadamel kuanjeun mah; biaya produksi janten mirah. Kadituna sadayana untung, boh peternak, pedagang, atanapi konsumen. Janten kedah aya peternak anu ngawitan ngadamel Pakan nyalira, sanaos kubibilintik heula. Jigahna aya masalah dina nguji kualitas hasil, tah balebah dieu buntu deui gumantung laboratorium sareng tanagi analistna?? Numatak kitu peranan Pamarentah kedah ulubiung dina perkawis sarana-sarana tes kualitas, bantuan teknik, modal kerja, izin-izin, sareng sajabina.Sakitu heula anu tiasa sim kuring dugikeun, wallohu alam.
   
taufik sudana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng Enjing Kang Tatang oge sadaya wargi-wargi di KUSNET,

Leres pisan eta wacana teh kang,jigana kedah aya nu nyeponsoran nya utamina dina nyiptakeun "Cinta produk dalam negeri ",mangga atuh urang sponsoran ku urang sadaya bari di bewarakeun kanu sanesna.

Tah ...sakantenan abdi bade tumaros ka wargi Kusnet anu ngagaduhan pangalaman atanapi cara nu langkung sae kanggo ngamajengkeun usaha TERNAK HAYAM PEDAGING supados langkung produktif  sareng rese'p  kumaha carana ngadamel PAKAN anu sae' saupami  ngadamel sorangan.
Mudah-mudahan upami PAKAN tiasa di damel  sorangan tiasa ngaminimalkeun biaya produksi anu dina danget ieu  kacida awisna.

Tah... di antos pisan saran-saran,saleresna seueur pisan nu hoyong di taroskeun teh,namung sok bilik ngagebay teuing.....

Mangga ah...wilujeng liburan kasadyana.

Wassalam
Nana

   

Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamualaikum baraya sadaya,-
 
Sim kuring aya pamendak atanapi pamadegan, dina perkawis pamarentahan SBY naekkeun BBM, salah sawios alesanana teh "ngimam" ?ka negara-negara tatanggi. Yen pangaos BBM di pasaran dunya naek kedah diudag ku naekekeun pangaosna di negara urang kirang langkung sami sareng di negara-negara tatanggi. Jigahna ieu teh buktos yen pamarentahan urang tibaheula keneh can tiasa ngaweruhkeun "para penyelundup" barang-barang anu pangaosna mirah ku disubsidi. Tah eta saleresna inti masalah. Saleresna pangaos mahal atanapi mirah tong janten hiji-hijina ukuran, margi mahal oge ari kagaleuh sapertos di negara batur, teu masalah; hartosna pendapatan balarea cekap mampu. Masalah di urang mah pendapatan penduduk nu picekeriheun sedih pisan margi seueur nu teu cepeng damel ALIAS NGANGGUR.Janten pangaos BBM dipajengkeun teh supados penyelundup teu tiasa untung kacida pami ngicalna kanu mampu mayar awis di negara jiran. Padahal sanaos kumaha wae ari para inohong Pertamina teu dikawal pamarentah, pasti masih tiasa oge panginten??? nyelundupkeun minyak ka luar negeri; dapuguh minyakna hasil kolusi "maling"?????. Ieu estuning dugaan simkuring anu teu gaduh data. Buktosna waktos boboran siam kamari, Daging diselundupkeun ti Msia ka Riau/Jambi, margi pangaos daging di Msia mirah. waktos harita di Indonesia pangaos daging Rp 55.000,00/Kg. di Msia RM 18.00/Kg. Kalih perkawis Pamerantahan SBY palayeun benten sareng anu atos-atos, make aya BTL sagala, tapi nyatana masalah teu seep-seep; pengangguran teu ngirangan??? Nu puguh mah ngadidik rahayat namprak miharep belas kasihan nagara, lain ngarangsang daek gawe anu kadituna tiasa mandiri. Jalan kaluar ti sim kuring mah dina hal BBM, wios tong ditaekeun, atanapi naekna tong ngudag di luar, dapuguh daya beli rahayat can mampu. Tapi ciptakeun kasempetan usaha pikeun rahayat leutik sagampang-gampangna. Ciptakeun bangsa Indonesia bangga make barang-barang buatan sorangan. Barang-barang anu masih tiasa didamel di nagara sorangan sapertos: beas, gula, kedele, jagong, suuk, buah-buahan, daging hayam+sapi, kembangkeun kucara proyek nagara. Tantara nganggur bareng-bareng damel sareng nu ngalanggur tea buka lahan-lahan di luar Jawa, sahingga kaperluan di nagara urang teu gumantung ka nagara sejen.Usaha-usaha industri anu aya hubungkait sareng hasil-hasil tadi oge dikembangkeun tahap kadua, sapertos tepung ikan bahan pelet eta penting pisan kanggo industri perikanan+hewan. Rincina teu mungkin dibeberkeun sadayana di dieu. Tapi intina kitu. Hatur nuhun pamugi janten bahan emutaneun sareng ngarealisasikeunana.Wasalam

Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less


Yahoo! Personals
Let fate take it's course directly to your email.
See who's waiting for you Yahoo! Personals


Yahoo! Personals
Single? There's someone we'd like you to meet.
Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke