On 12/5/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Barayaaa!
Ngahaja make a tilu kali, maksudna mah ngagorowok. Ngarah sorana nepi ti hilir ka girang. Hehehe. Urang neruskeun kuesioner tea.
Tah ieu patarosanana: "Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh hese?"
Hese henteuna pasti beda2, gumantung ningal tina sudut pandang anu mana.
Mun ningal tina undak usuk basa memang, hese, naon sababna, can tangtu urang apal kabeh undak usuk basa anu aya dina basa sunda. Tapi justru ku ayana undak usuk basa ieu nunjukeun yen basa sunda teh beunghar ku kosa katana. Ieu bisa jadi kaleuwihan oge.
Tapi anu geus bisa tangtu teu hese. Jadi, koncina mun biasa urang tangtu jadi teu hese alias jadi biasa2 bae.
Jujur mun geus maen undak usuk basa, kuring sok rada kerung alias sok aya keneh anu baringung. Tapi anu kaalaman ku sorangan, jadi gampang alatan hayoh terus di ajar neuleuman basa sunda.
Pituduh: Pikeun jawabana, lengkepan ku opini nyalira. Upama leres hese naon hujahna? Upama ah heunteu hese cenah, kumaha alesanana?
Hese : alesanana can apal undak usuk basa na.
Teu hese : geus biasa nyarios make basa sunda
Jawaban kana ieu pananya teh, asana lumayan penting. Sugan wae bisa dijadikeun bahan tinimbangan ka para guru, para panalungtik, para inohong pikeun nyiar tarekah kudu kumaha ngamekarkeun basa Sunda teh.
Baktos,
MH
Catetan:
Daftar rsponden nu tos lebet
1. kuring (mh)
2. joko tingkir
3. kumincir
4. durahman
5. boim
6. hasan supriadi
7. cecep wahyu
8. puspita w.
9. msasmita
10. rahman
11. indung peuting
12. asep subandi
13. tito suryana
14. oman abdurahman
15. dudi herlianto
16. nenny nenden
17. ujang kemod
18. ikmal
19. aqis fairuz
20. roni suarsa
21. deny suwarja
22. rahdiani nurulaini
23. miih
24. tarawadul
25. runa irawan
26. yudi rosandi
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

