pan seueur baraya urang anu luluhurna sunda tapi lahirna teu di bumi parahyangan tah etateh maranehna harayangen bisa basa sundapisan. nya ngalangkungan iyeu milis baraya baraya teh di alajar maca jeung boga keureuteug hayang miluan nulis atawa mairan email anu geus aya, tapi seuseurna sok di ceula ku angota anu tos ngaraos lami atanapi kahot.
Ke... bisi ieu keuna ka kuring, rumasa bae pedah jadi kuncen pang cerewedna...
Kuring sok mairan/ngoreksi kasalahan tulisan batur, tapi lain maksud ngalelece atawa "mencela" atawa nyarekan. Hampura we bisi dina tata titina matak teu genah ka batur (utamana nu dipairan).
saleureusna seueur cara kanggo ngalempengkeun anu medang/salah atanapi teu meureunah undak usuk basa tulisan maranehna, tapi kanyataanana, maranehna anudiajar teh sok kenging balesan ti anggota lami dina mangrupa seurat pendek teguran, sareng rada dina nadana "nyentug kana angeun". jiga manehna anu boga sunda. hehehehe..
Ke... (deui wae...) rumasa deuih kuring teh mindeng nga"reject" postingan ti anggota nu kabeneran statusna di-moderate keneh, nyoko kana aturan milis (boh netiket sacara umum atawa aturan husus milis ieu). Komo minggu kamari mah aya nu ngirim gambar teu uni... Lain maksud so-so-an asa aing pangSundana atawa pangbenerna, da di dieu mah geus biasa silih koreksi. Hampura deui we, bisi cara kuring nyentug kana hate...
ayuena contona, sok bilih bade ngalempeungken simkuring anu salah mangga di forum milis ieu.
angeun = sayur
angen = hate
hulu angen = "ulu hati", tungtung handap tulang dada
keureuteug --> kereteg
meureunah --> merenah
seurat --> serat
lempeung --> lempeng
leureus --> leres
sikandar
kuncen #5
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

