Kang Adul oge baraya sanesna,
Enya kitu jiga ceuk Kang Joko, sabenerna mah upama aya baraya nu mairan lain maksud ngagogoreng, tapi pikeun "learning by doing" cenah. Hehehe. Rarasaan basa kuring oge can kaasup basa hade. Ngan kuring make jurus "nekad". Nu penting mah eusina, keun wae, ngalemesan bisa bari jalan. Apan salah sahiji MISI ieu milis oge, pikeun ngabiasakeun deui cumarita basa Sunda. Malah ceuk kuring mah, urang Cirebon, urang Pantura, urang Banten, pek we nyarita ku basa daerahna. Kujalan kitu, Insya Allah engke baris asa silih "pengertain" jeung silih pikawanoh antara pinutur basa hiji wewengkon jeung wewengkon lainnna. malah hade bisa jadi  bahan "pengayaan" kosakata.

Baktos
MH

tarawadul tarawadul <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Jaka, ngahaturkeun nuhun kana walesanana serat ti abdi salaku wawakil baraya kuring anu tadina manehna ngan gawe teh : buka email trus maca geus maca di delete teu daekeun mairan kusabab sieun salah tea.
 
Nya meren ayunamah rek rada ngawanikeun mayusan surat surat anu lebet dina milist ieu.
 
Sakali deui nuhun ka kang jaka, anu tos ngabukakeun lalangse hate katugeunah manah kulantaran masalah eta. Anu di suhunkeu ka payun mugiya sing rada di rampa heula sateuacan "ngalempengkeunana atanapi ngalereskenana"
 
baktos
ti urang pamarican, ciamis

joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Adul, ceuk kuring mah lain dicela, tapi
dielingan, dipasihan terang mana nu salah mana nu
bener. Lamun nyela mah bisa-bisa pundungan. Beda
pamadegan soal biasa, tapi ulah ditungtungan ku bendu
atawa amarah. Lamun aya nu menerkeun (ngelingan) ceuk
kuring eta tandana deudeuh ka dulur/urang nu nyieun
kasalahan, oge deudeuh ka basa sunda, supaya
kahareupna teu salah deui.
Sesepuh urang anu wijaksana di milis ieu, sae +
merenah basana, ceuk kuring Ua Sasmita.
Lamun aya nu rada nyentug kana angeun, mungkin ieu oge
salah sahiji kakurangan urang/dulur urang; kuring
yakin maksudna lain rek nganyenyeri batur, tujuanna
hade tapi teu bisa ngedalkeunnana. Tah hal ieu salah
sahiji hesena diajar basa sunda anu bener. Lamun
saukur ngarti kana maksud/tujuan anu dikedalkeun dina
basa lisan atawa tulisan mah mungkin teu hese teuing,
jentrena sapertos anu diguar ku Ua Sas.



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]


Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke