Kang Oman sareng baraya sanesna,
Nitenan perkara data, anu jiga kitu kaayaanana. Rada kaharti ayeuna mah, kunaon pangna data penduduk miskin, waktu aya program bantuan kompensasi BBM, nimbulkeun masalah sosial nu matak tagiwur salelembur.
Ari numutkeun kuring mah perkara data teh lain perkara enteng, teu bisa disapirakeun kitu wae. Apan cenah ceuk ujaring carita, perkara tatalimarga kahirupan teh bisa dijelaskeun ku tilu perkara: input, proses, jeung hasil. Upama hayang hasil nu alus, dua perkara sejenna (input, jeung proses) kudu alus. Proses hade, da mesinna BMW atawa Mercedes, tapi bensinna campur minyak tanah, pastina oge Si BMW teh kalahka ngaberekbek sosolontodan. Input hade make premium super, tapi mesin mobil heubeul, sarua we kalahka ngebul.
Meureun upama dina kahirupan sapopoe mah, inputna teh taya lian potensi masayakat. Ari prosesna kawijakan-kawijakan pamarentah katut cara-cara ngalarapkeunana. Hasilna nya kaayaan kahirupan masayarakatna.
Kulantaran kitu, pikeun ngaronjatkeun perkara atikan, numutkeun kuring mah teu kudu neangan program anyar, pake we program nu aya, larapkeun sakumaha mistina. Ari nyieun program anyar teh, apan sabelas duabelas jeung nambahan biaya. Misalna, lain urang teh sok remen nitenan uar-uar program "WAJIB diajar salapan taun". Ngahaja WAJIB nulisna digedekeun, sabab di dieu pokok pasualanana. Piraku para inohong ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk, teu apal naha naon ari hartina WAJIB. Apan ari nu disebut WAJIB teh, ceuk ajengan, upama teu dilakonan DORAKA hukumna.
Jadi pikeun ngaronjatkeun atikan (IPM), BEBAS-keun IURAN sakola nu salapan taun teh. Ngahaja BEBAS jeung IURAN oge ditulis gede, sabab ieu kecap sarua jeung kecap WAJIB, sok remen digunasika hartina. IURAN disamarkeun jadi SUMBANGAN, BEBAS teu pati beda hartina jeung MAYAR. WAJIB jadi jiga sarua jeung SUNAT. Upama terus-terusan istilah jiga kieu dipatukeurkeun, boa- boa lain basa Sunda wae nu bakal jadi hese teh. Basa nasional, basa Indonesia oge bakal hese, sabab upama aya soal ujian pakait jeung kecep-kecap di luhur, baris loba nu teu bisa ngahartikeunana.
Naha teu bisa kitu sakola nu salapan taun, nu kaasup program wajib diajar, dibebaskeun biayana? Cing aya nu tiasa ngutak-ngatik, biaya operasional SD/SMP?
Tos ah sakieu heula, bilih panjang teuing nya. Hehehe.
Salam,
MH
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Mairan singget wae Mh oge sadayana,
Numatak Kang, urang mah tacan openan bener-bener kana soal data jeung
informasi teh. Kusabab kitu, kaharti meureun pangna bangsa urang mindeng
ngalaman bancangpakewuh. Ceuk cenah, kacilakaan kapal udara di Medan oge
kusabab data beuratna babawaan eta pesawat teu bener. Orokaya, data anu
dianggap remeh dina lebah anu kritis saperti muatan kapal terbang mah
picalakaeun gede nakeranan lamun disapirakeun teh.
Pakait jeung jejer data anu teu puguh ieu, sigana lengkah anu kayungyun mah
lamun urang fokus heula kana naon muatan eusi warta. Upamana wae, dina jejer
penduduk jeung pendidikan di Jabar, fokusna teh kana kumaha kamajuan
pendidikan US (tangtu wae masalaah data tetep perlu). Kukitua, bari usaha
narekahan kumaha carana mantuan US ngaronjatkeun atikan, nya sakalian
bebenah soal data ieu. Kira-kirana warga milist bisa atawa henteu nya
icikibung dina soal ngaronjatkeun atikan? Kuduna mah bisa, sabab sahenteuna
anu geus apal cangkem larapan IT mah tangtu paham kana pentingna data oge
atikan. Kumaha carana? cikan baraya, diantosan bongbolonganana. Hatur nuhun
sateuacanna.
baktos,
mnAR
On 12/5/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya,
> Panasaran ku hasil sensus, pangangguran ngutak-ngatik data kiriman
> Kang Tantan. Lakadalah, eta hasilna, kalah nambah kuring lieur. Memeh
> ngabejakeun hasilna, kuring nyieun carita misil, nyaeta carita "sensus anak
> hayam". Upama urang ngaleupaskeun sajumlah hayam di lapangan, terus ku
> urang disensus, jiga kumaha nya hasilna. Misalna, item kahiji ngitung hayam
> numutkeun kelirna, aya hayam nu kelirna: hideung, bodas, coklat, bulu
> hiris, jeung borontok. Item kadua ngitung hayam numutkeun umurna, aya
> hayam: kumupu, sacekel, rumangu, danten, jeung hayam kolot. Geus we dua
> item heula. Mereun hasil sensusna teh kuduna mah kieu: jumlah hayam
> numutkeun kelirna jeung jumlah hayam numutkeun umurna kuduna mah sarua.
> Upama teu sarua, pasti aya nu teu beres, naha kerok ngitungna, atawa aya
> hayam nu ngencar, jeung sajabana.
>
> Tapi tetela baraya, hasil ngutak-ngatik data kiriman Kang Tantan
> tea, geuning hasilna matak helok. Antara jumlah jalma numutkeun item
> atikan, jumlah jalma numutkeun agama, jeung jumlah jalma numutkeun
> suku, geuning teu sarua. Boa-boa, jalma di lembur urang teh pagaliwota
> jeungf nu gaib. hehehe.
>
> Baktos,
> MH
> -------------
>
> Tabel "Pabaliut"
>
> Pendidikan Agama Suku
> Kab Bogor 3091608 3508826 3502098
> Kab Sukabumi 1836454 2075141 2074653
> Kab Cianjur 1724788 1946405 1944530
> Kab Bandung 3695787 4158083 4151894
> Kab Garut 1797299 2051092 2048388
> Kab Tasikmalaya 1848550 2064075 2062975
> Kab Ciamis 1465519 1618752 1617593
> Kab Kuningan 895278 984792 984598
> Kab Cirebon 1736166 1931066 1929887
> Kab Majalengka 1016431 1121641 1121454
> Kab Sumedang 880146 968848 967580
> Kab Indramayu 1433464 1590030 1589506
> Kab Subang 1202363 1329838 1329481
> Kab Purwakarta 621118 700104 699443
> Kab Karawang 1599977 1787319 1785208
> Kab Bekasi 1487613 1668494 1665490
> -----------
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
Yahoo! Personals
Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.