Kang MH, Dugaan kuring mah, nu matak nimbulkeun beda hasil sensus eta jigana kulantaran geus beda ti awal keneh nyaeta obyek sensusna. Conto : Beda hasil sensus penduduk tina dasar "pendidikan" + agama. Waktu nyensus penduduk nu dasarna pendidikan, mungkin henteu ngadata/nyensus penduduk anu teu sakola atawa barudak nu can sarakola, sedengkeun waktu nyensus nu dumasar kana agama, sakabeh penduduk mulai orok tepikeun ka aki nini, kabeh disensus, jadi we hasilna leuwih loba tibatan data sensus penduduk (mangga tingali hasilna, sadaya hasil sensus numutkeun agama langkung seueur ti hasil sensus numutkeun pendidikan). Sakuduna waktu nyensus penduduk numutkeun pendidikan, didata sadayana, misalna : S2 ka luhur, S1, D3, SLTA, SLTP, SD, Teu Sakola, TK + Barudak Can Sakola teras Jumlah.
Baktos Jaka --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya, > Panasaran ku hasil sensus, pangangguran > ngutak-ngatik data kiriman Kang Tantan. Lakadalah, > eta hasilna, kalah nambah kuring lieur. Memeh > ngabejakeun hasilna, kuring nyieun carita misil, > nyaeta carita "sensus anak hayam". Upama urang > ngaleupaskeun sajumlah hayam di lapangan, terus ku > urang disensus, jiga kumaha nya hasilna. Misalna, > item kahiji ngitung hayam numutkeun kelirna, aya > hayam nu kelirna: hideung, bodas, coklat, bulu > hiris, jeung borontok. Item kadua ngitung hayam > numutkeun umurna, aya hayam: kumupu, sacekel, > rumangu, danten, jeung hayam kolot. Geus we dua > item heula. Mereun hasil sensusna teh kuduna mah > kieu: jumlah hayam numutkeun kelirna jeung jumlah > hayam numutkeun umurna kuduna mah sarua. Upama teu > sarua, pasti aya nu teu beres, naha kerok > ngitungna, atawa aya hayam nu ngencar, jeung > sajabana. > > Tapi tetela baraya, hasil ngutak-ngatik data > kiriman Kang Tantan tea, geuning hasilna matak > helok. Antara jumlah jalma numutkeun item atikan, > jumlah jalma numutkeun agama, jeung jumlah jalma > numutkeun suku, geuning teu sarua. Boa-boa, jalma > di lembur urang teh pagaliwota jeungf nu gaib. > hehehe. > > Baktos, > MH > ------------- > > Tabel "Pabaliut" > > Pendidikan Agama Suku > Kab Bogor 3091608 3508826 3502098 > Kab Sukabumi 1836454 2075141 > 2074653 > Kab Cianjur 1724788 1946405 > 1944530 > Kab Bandung 3695787 4158083 > 4151894 > Kab Garut 1797299 2051092 2048388 > Kab Tasikmalaya 1848550 2064075 > 2062975 > Kab Ciamis 1465519 1618752 > 1617593 > Kab Kuningan 895278 984792 > 984598 > Kab Cirebon 1736166 1931066 > 1929887 > Kab Majalengka 1016431 1121641 > 1121454 > Kab Sumedang 880146 968848 > 967580 > Kab Indramayu 1433464 1590030 > 1589506 > Kab Subang 1202363 1329838 > 1329481 > Kab Purwakarta 621118 700104 > 699443 > Kab Karawang 1599977 1787319 > 1785208 > Kab Bekasi 1487613 1668494 > 1665490 > ----------- > > > > > > > > ===== > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > --------------------------------- > Yahoo! Personals > Single? There's someone we'd like you to meet. > Lots of someones, actually. Yahoo! Personals __________________________________ Start your day with Yahoo! - Make it your home page! http://www.yahoo.com/r/hs ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/t7dfYD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

