Kuring mah geus lila ngagunakeun Google basa Sunda teh. Lain ukur kuring 
Urang Sunda. Tapi asa leuwih deukeut jeung parasaan. Carana Explorer-na dina 
bagean "Home Page" adress-na didefault-keun make 
http:/www.google.com/intl/su/

Saran ti kuring. Mun make default google, emailna make gmail. Salian ti gede 
daya tampungna oge gampang dihijikeun jeung google Sunda. Duka make Google 
Indonesia mah teu bisa.

Insya Allah invite-na ku kuring dikirim ka millis. Kuring boga loba.

Baktos,
Om TEDDY
----- Original Message ----- 
From: "durahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, December 05, 2005 10:51 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Digest Number 4681


> sanes di www.google.co.id tapi di www.google.com. Asup ka google.com, 
> pilih preference, pilih bahas interface.
>
> Tah contona aya di file nangkod.
>
> (nu nerjemahkeun ka basa sunda lain kuring wungkul, aya oge baraya sunda 
> nu sejena. duka saha)
>
> Mun teu salah taun kamari kang dian geus ngamimitian nerjemahkeun 
> istilah-istilah komputer ka basa sunda. Tos loba oge nu nyumbang translate 
> istilah inggris ka sunda dumasar tabel ti kang dian. Tah...panginten urang 
> tinggal neruskeun wungkul kang.
>
>
> Message: 17
>   Date: Tue, 6 Dec 2005 08:52:09 +0700
>   From: "ato.riyanto" <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: RE: RE: KOMPANYEU REUEUS SUNDA ---> SUNDANISASI SOFTWARE
>
> Kang Durahman,
> Kutan kantos nya Nyundakeun google. Abdi ningal google.co.id mung basa
> Indonesia sareng basa Jawi, eta meureun akang pundung janten we mung dua
> basa eta hehehe teu aya basa Sundana. Alhamdulillah ari tos pangalaman mah
> Akang.
>
> Perkawis basa nu digunakan dina software, usul pribados mah urang 
> saluyukeun
> sareng wikipedia basa Sunda nu nuju "in progress". Pan aya nu  nuju macul 
> di
> wikipedia, urang taroskeun we ka anjeuna.
>
> Muhun software opensource teh kamajuanana kacida sae-na, aplikasi-na
> katingalna mah tos sagala widang, mangga tingal salahsawiosna di
> sourceforge.net (tempat programmer opensource ngumpul saalam
> dunya)---salahsawios nu ngahasilkeun software Apache, mySQL anu kawentar
> saalam dunya. Ti aplikasi individual, aplikasi sistem, aplikasi anu 
> nangkod
> dina sistem (embedded), dugi ka aplikasi kanggo ngajalankeun mangrupa-rupa
> usaha tos araya proyek-na, nya di garap ku programmer opensource saalam
> dunya eta.
>
> Tah software2 eta teh tiasa di Sundakeun, kaleresan bangsa lain mah meni
> aktif sapertos Spanyol, Perancis sareng Jerman. Keun masalah aplikasi naon
> nu bade di Sunda-keun engke urang badamikeun.
>
> Nu kalintang penting mah kanggo 'brainstorming' awal mah nyaeta: 
> ngumpulkeun
> pendapat, ngumpulkeun sumanget, sareng ngumpulkeun programmer urang Sunda 
> nu
> kersa janten volunteer. Plus nu pang pentingna oge, nyayogikeun waragad
> server (nu tiasa diakses ti Internet) kanggo kolaborasi sakumna programmer
> Kusnet saalam dunya tea (pan Internet teh jaringan komputer saalam
> dunya---janten teu aya batesan geograpis).
>
> Tah nu ku abdi katarik teh management programmer na anu kacida rapihna,
> kumaha mun urang nyonto management programmer-na ti sourceforge.net eta.
> Mudah2an tiasa di waragadan ku Kusnet.
>
> Urang cobian 'explore' perkawis management programmer ieu langkung 
> tebih...
>
> Baktos,
> Kang ato
>
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
> Behalf Of durahman
> Sent: Monday, December 05, 2005 9:17 PM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] RE: KOMPANYEU REUEUS SUNDA ---> SUNDANISASI 
> SOFTWARE
>
> kuring pernah nerjemahkeun www.google.com ka versi basa sunda. Basa sunda 
> nu
> digunakeun sapopoe ku sayah di imah. Terus di komentaran ku balad sunda nu
> sejena cenah bahasa sundanateh kasar, "ancur", duka naon deui. Nya geus 
> wae
> kuringteh PUNDUNG dikituekeunteh, teu ditreruskeon, alias kapok. Ayeuna 
> oge
> sigana masih aya tapakna di google.
>
> Tah...mun erek mah loba proyek translasi teh. Selain di www.google.com aya
> oge WWW.OPENOFFICE.ORG. Open office teh program opensource mirif MICROSOFT
> OFFICE.
>
>
>
>
>
>
>
> ________________
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>


--------------------------------------------------------------------------------




Send instant messages to your online friends http://asia.messenger.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke