|
Mun ditanya naha basa sunda teh hese ? jawabna,
disebut hese da asa henteu, disebut henteu da asa hese. Nu dimaksud hese da asa
henteu alias gampang lamun ngomong basa sundana make basa loma tur
ngomongna teu make undak usuk sagala (jangji bledag wae). Karasa hese lamun
ngomongna make basa lemes tur teu bisa ngabedakeun mana basa keur urang,
mana basa keur batur ( make undak usuk tea).
Aya paribasa, bisa alatan
biasa, mun unggal poe ngabiasakeun sorangan make basa sunda,
minimal lamun keur ngomong sorangan atawa ngomong dijero hate make basa
sunda, tinangtu moal pareumeun teuing obor, sanajan aya dipangumbaraan ge. Komo
bari jeung ngabiasakeun luha loho ka warung sunda, kecap sabangsaning "
euy, aa, teteh, ema, nambih, wareg, angsulan, sabarahaeun" remen pisan kasebut
sanajan sarua aya dipangumbaraan. Komo deui aya dilembur atawa dilingkungan
urang sunda asa piraku ngomong sunda masih keneh tag teg tog najan sabatas basa
loma. Tapi ketah boa boa urang sunda loba keneh anu leuwih reueus ngomong
mamalayuan tibatan ngomong susundaan. Mun enya teh kitu tinangtu basa
sunda teh salawasna hese.
SR
----- Original Message -----
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|

