(kamilist anu sanesna, hapunten sakantenan ieu mairan teh dipostingkeun):
 
Haturan Kang "Jujur" (tarawadul :)),
 
Ngadegna karajaan Sunda nuturkeun Naskah Wangsakerta (NW), sanes di Banten (upami wewengkon Banten mah tiasa), namung di Salakanagara (kira-kira caket Pandeglang, kl abad kahiji masehi). Nuturkeun sajarah anu baku di sakola-sakola, karajaan Sunda anu mimiti kapanggih nyaeta Tarumanagara di daerah Bogor kl abad 5 M, rajana Purnawarman sakumaha dina prasasti Kebon Kopi, Ciampea (Alhamdulillah, si kuring kungsi ngolongok eta prasasti).
 
Sok sanajan kitu, karajaan pangkolotna di Nusantara, sakumaha dina buku2 standar pangajaran sakola,  kapanggih di Kutai, samemeh abad 5 M, anu rajana, Mulawarman tea. Tetela, tina akhir kecap ngaran raja-raja anu sarwa "man", siga aya hubungan antara Mulawarman jeung Purnawarman. Nya ari ceuk NW mah puguh wae, da Mulawarman teh kaasup kapimamangna keneh Purnawarman. Kacindekan: ayana karajaan Kutai jeung Mulawarman-na bisa jadi hiji "entry point" keur ngabuktikeun bener-henteuna NW (lamun can yakin, ari kuring mah yakin, NW teh kaasup buku sajarah oge).

Balik deui soal karajaan Sunda anu mimiti, anu jelas sanes di Banten sareng rajana sanes Suryawarman. Upami nuturkeun NW-mah, karajaan anu mimiti teh nyaeta Salakanagara (abad kahiji M tea), kalawan rajana Dewawarman I tea. Tangtuna karajaan dina periode awal ieu mah moal bisa dibayangkeun atawa dibandingkeun sarua jeung kaayaan karajaan "Mataram", upamana. Tangtuna basajan pisan. Anu rada geus "berkebudayaan" mah nya Tarumanagara tea, anu rajana tos ngahontal tingkatan kapake ku masyarakat (sakumaha dina prasasti kebon kopi). Sok sanajan basajan, ngaranna oge sejarah, asal-usul tea diantara hartina teh, nya biasa wae kacaritakeun mah.
 
Sakitu heula, ngeunaan pedaran karajaan di Tatar Sunda, geus mindeng diguar di milist. Hampura upama teu acan aya anu ngaguar deui. Mangga pariosan wae arsip file ieu milist, atawa longok FAQ ieu milist, sugan geus aya dina agenda FAQ jejer ngeunaan silsilah raja-raj Sunda teh. Lamun can aya, nya meureun tugas urang sarerea ngeusianana. Upami merlukeun katerangan leuwih jauh ngeunaan NW, tiasa diuningaan buku "Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (4 jilid, pedalan pamarentah Jabar, dicitak ku cv. Geger Sunten, Bandung, upama teu lepat mah). 
 
Cag.
baktos,
manAR
(lahir nepi ka smp di Ciamis, Galuh tea, ayeuna dumuk di Bandung) 
 
 
 
 
On 12/6/05, tarawadul tarawadul <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyambung kana hal di luhur, ngango judul Sunda Purwa

Abdi kalebet anu mikaresep kana sajarah sunda.

Mugiya aya baraya anu tiasa ngaguar silsilah ayana karajaan sunda anu di mimitian di wewengkon banten ku prabu Suryawarman.

sareng masalih patilasan candi di wewengkon rancaekek kumaha ayeuna perkembanganana.

mangga
wslm
twadul

 


Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke