Pami teu aya buktosna keneh ATM tong dipasihkeun teh titi, gesek we 
teras....heuheuheu.
Ehm....ni romantis nya Teh Titi teh....:P


Neng Iva

--- In [email protected], "Julaeha, Siti" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Kahatur salira<?xml:namespace prefix = o ns = "urn:schemas-
microsoft-com:office:office" />
> 
> Nu sok manjang kapiraray

> Salam katresna ti katebihan
> 
>  
> 
> Hapunten pami ieu serat nembe diwaler. Da puguh abdi nembe lebet 
damel deui sabada harita teu damang. Ah duka ku naon atuh kamari mah 
asa rus ras basa ngawawaas lalampahan anu lawas, ngahelas. Asa teu 
percanten pami salira bakal ngantunkeun abdi. Asa teu percanten 
lamun rasa bogoh anu keur pogot kudu peunggas ditengah jalan. 
Padahal nya Engkang, hirup mah poe ieu. Isuk jeung pageto, kakara 
ngelemeng dina wangwangan.
> 
>  
> 
> Kamari abdi lumeungis asa leungiteun pamuntangan. Kamari mah abdi 
lir kapeteungan taya geusan pangeunteupan. Asa ku teungteuingeun 
anjeun...sulaya kana jangji sanaos abdi sadar yen rasa mah sakapeung 
hambar. Tina cinta kana cidra, sakilat mindah rupa. Tina deudeuh 
jadi geuleuh, henteu kenging disisieuh. Upami enya tea mah salira 
tos gaduh nu enggal, ah abdi mah bade sadrah we, bade nampi kana 
kulak canggeum bagja awak. Ngarumaoskeun diri da abdi mah puguh 
laip. Piraku jalmi siga Engkang kersa ka abdi nu teu aya 
pupurieunana.
> 
>  
> 
> Engkang, langit anu tadina ceudeum teh bet ngadadak bengras basa 
abdi nampi serat ti Engkang. Naha leres eta teh, Kang? Yen serat 
kamari sanes ti Engkang? Naha leres Engkang masih satia satuhu 
nyepeung jangji nu kantos medal antawis urang duaan. Ah asa teu 
percanten tapi ieu hate janten bungangang, bingah pisan. Tatu teh 
ngadadak lita, teu geutihan deui. Hate nu pias koneas teh ngadadak 
jadi kayas. 
> 
>  
> 
> Lamun seug abdi gaduh jangjang hoyong ngapung ngawang-ngawang, 
nyusul anjeun dipangumbaraan. Najan dipisah kusagara, kaamparan 
banua, da meureun masih salangit, hate urang tetep ngait.
> 
>  
> 
> Engkang, pami tea mah leres naon-naon anu diserat kamari teh, sok 
atuh buktoskeun. Kuabdi diantos pisan dina sasih Rayagung. Engkang 
teh leres-leres bade mileuleuheungkeun abdi? Sanes mung ukur 
saheureuyeun wungkul? Sugan ngimpen kitu ieu teh? Ah keun wae ketang 
ngimpen oge asal ulah waka gugah we. Sono keneh kana endahna, resep 
keneh nguping galindengna. Leres Engkang, lagu cinta mah kareueut 
teu nganggo gula ge.
> 
>  
> 
> Ari pikeun abdi piraku bade nampik, naon atuh hartosna kasatiaan 
salami ieu, naon atuh hartosna kasabaran nganti ari dina waktos 
ngala buahna kalah ka ngejat. Mangga Engkang, ku abdi diantos di 
rorompok dina sasih Rayagung. Tong hariwang peudah rarebo ukur ku 
kasono, ulah sieun peudah angkaribung ku rasa rindu, da pan ATM 
Engkang atos aya di abdi, kantun ngagesek.
> 
>  
> 
> Peudah eta Engkang hoyong ka Villa Batan, hayu atuh, abdi mah 
ngiringan kumaha salira, bade dibeureum bade di hideung teu 
langkung. Abdi oge moal sieun ku rametuk, moal inggis ku nu ngolebat 
salami masih aya engkang disagigireun abdi. Atuh ari tos ti Villa 
Batan mah bade sosonoan deui sabari mapay-mapay Cipularang, mangga 
teh teuing, asal Engkang kersa we ngagandong abdi. Maenya atuh 
Engkang tega ningali dampal abdi lalecet alatan aspal mah.
> 
>  
> 
> Jungjunan pangharepan ati, mapag wanci nu bakal kasorang, urang 
silih du'akeun mugia Gusti Nu Maha Kawasa maparin kakiatan ka umatna 
anu seja ngawangun rumah tangga sakinah. Sasih Rayagung bakal 
nyungsi, abdi bakal nganti salira nu tetep dipikaemut. Sok samar 
polah pami emut kasalira teh. Henteu siang henteu wengi, kitu lepat 
kieu sanes. Kalangkang anjeun teu ilang-ilang ti emutan abdi, saban 
menit saban detik nu aya teh ngan salira hungkul.
> 
>  
> 
> Diantos dina sasih Rayagung, kade ulah ngaheureuyan deui, bilih 
abdi enyaan pundung. Pami seug abdi pundung teras nampi duriat nu 
sanes, naha Engkang moal kaduhung? atanapi eta pisan anu ku Engkang 
di seja?
> 
>  
> 
> Sakitu wae nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah neda 
hapunten, da Engkang ge pan uninga abdi mah teu tiasa nyerat anu 
ngawirahma siga para bujangga. 
> 
>  
> 
>  
> 
> Nu teu weleh mikasono.
> 
>  
> 
>  
> 
>  
> 
> -----Original Message-----
> From: [email protected] 
[mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of syam ridwan
> Sent: Thursday, December 01, 2005 2:05 PM
> To: [email protected]
> Subject: [Urang Sunda] Oleh-oleh HBH-Serat Waleran
> 
> 
> 
> 
> Kahatur,
> Rai anu pangbageurna sadunya
>  
> Enung junjunan ati, panglipur eusining kalbu,bingah pagalo sareng 
kareuwas nampi serat tisalira teh, bingahna lantaran tos lami dianti 
anti, atuh reuwasna lantaran eusina matak nyentug kana jajantung, 
ngajedag kana tulang iga, sumarambah kana bayah, reuwas alah batan 
kabentar kugelap tengah poe ereng ereng awor sareng ngagelegerna 
sora galunggung basa keur bitu. Asa teu gugur teu angin, majarkeun 
teh akang kacilakaan. Beja tisaha ? Sareng serat tisaha ? Da akang 
mah teu rumaos ngintun serat samodel kitu. Malihan alhamdulillah 
dugi ka danget ayeuna masih dipaparin jagjag waringkas teu kirang 
nanaon, ngan nyaeta ari biwir mah tetep we jeding tilas kapungkur ku 
salira digegel bakating ku geugeut. Hmm...matak kitu ge panginten 
aya nu hoyong tali katresna urang, peunggas ditengah dijalan. Eta 
mah teu langkung salira, mun salira percanten kana eusi serat 
eta,panginten salira ku anjeun anu nyoehkeun lambaran kasatian urang 
salami ieu.
>  
> Enung...ayeuna mah tong ngagulung kabingung, miara karempan, da 
akang mah ti baheula ge tetep satia, moal  sulaya kana jangji
>  
> --------------------------------------------------------
> 
> This message (including any attachments) is only for the use of 
the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel 
confidential, proprietary and/or trade secret information. If you 
are not the intended recipient, you should not copy, distribute or 
use this information for any purpose, and you should delete this 
message and inform the sender immediately.
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke