he..he...he.....enya di maklum wae atuh Kang MH eh MH he...he...
didieu mah da' kitu ayana....mung kanggo barudak KUSnet gogonjakan,silih
eledan,
silih heureuyan....oge itung2 tempat refreshing kanggo nu aya masalah di
kantorna..
janten lumpatna kana ngobrol ngalor ngidul di GL,...matak disebat warung
oge...
katambih teu aya aturan anu baku kanggo ngabatasan obrolan sewang2an
nya panginten da' ari nu serusna mah di alungkeun oge geningan ka
KUSnet(milis Urang Sunda)..
seueur oge baraya nu mairan teh ti GL oge kang raraosan mah da' puguh
sahiji tea
beungkeutanana ku KUSnet....he..he....

sok ah abdi rek ngawaler atuh.....isin ku MH,(tapi tong diseungseurikeun
nya!!)he..he...

Anu Kailo :
Cenah kana basa Sunda teh seueur anu nyebat Hese

Anu ditaroskeun :
Naha Enya basa Sunda hese???

Waleran  Sim kuring :
kango simkuring pribadi nu Urang Sunda (najan aya turunan lain na oge keun
wae Sunda we nya!)he..he..
Basa Sunda gampangs, lamun  ngan saukur jang ngobrol ka babaturan mah
sareng kasasama...
nu hese mah lamun tos nyinghareupan sepuh,....abdi mah sok seueur cicingna
pami nuju ngobrol sareng sepuh mah
da' asa karagok....nyarios itu salah nyarios kieu lepat da' basa sim kuring
mah basa Sunda pok torolong tea..
naon nu aya dina baham langsung kaluar he..he....
tah upami basa abdi di anggo ngobrol jeung sepuh moal cocog, najan cenah
ayeuna basa sunda teh tos teu ngangge
undak-usuk basa deui alatan dibagi dua ku basa loma sareng basa merenah
tea....
enya urang nu didieu panginten anu terang teh....sareng barudak entragan
ayeuna....tapi tetep wae kolot-kolot urang
di pilemburan mah teu apaleun2 acan basa Sunda ayeuna kitu teh...apan ngan
saukur hasil kongres Basa Sunda wungkul
anu di hadiri(naon deuih basa sunda na teh?)ku jalmi2 tertentu
wungkul.....teras realisasina ayeuna naha hasil kongres teh
dugi henteu ka rahayat leutik, ka rahayat pilemburan,naon2 anu dijantenkeun
keputusan atanapi kesepakatan dina
Kongres teh??? sok taroskeun ka ceu mimin tukang ngarambet, ka kang ading
tukang baso, ka mang adud tukang buburuh
tani??di pilemburan  sim kuring yakin teu dugi eta informasi teh ka
maranehna mah...
jadi tetep wae lamun ngobrol jeung  jeung urang lembur saluhureun atanapi
kolot, tetep wae kudu make bahasa undak-usuk,
sabab sakanyaho aranjeunna mah basa Sunda teh siga kitu, siga anu
diajarkeun waktu disakola jaman Aranjeuna....
jadi, ayeuna kumaha carana urang kudu bisa nganteurkeun ka para sepuh jeung
urang lembur anu teu apal kana
kayaan basa Sunda kiwari...maenya unggal papendak sareng sareng sepuh urang
kedah biantara heula mah...lamun kurring
nyarios basa sundana kieu teh alatan basa Sunda kiwari teh tos robah alatan
kasapakatan Kongres basa Sunda
(mun teu lepat mah Kongres di Garut nya harita teh? kongres ka hilap,taun
hilap )he..he...

tah ayeuna sim kuring bade malik naros,...kinten-kinten na kumaha cara
urang tiasa nepikeun hasil 2 kongres basa Sunda,
ka urang pilemburan, ka barudak sakola, ka kolot-kolot urang tangtos nu
nganggo Basa sunda)....
supaya basa Sunda Kiwari ditampi ku sagala golongan, jeung rata ka lembur
singkur nu aya di tatar Sunda.
jeung teu aya deui nu nyebat yen basa Sunda kuring kasar, basa si anu
garihal.......he...he....

punten ah sakitu we nya partisipasina mah.....da' cangkeul
geningan...he..he...

-ts-


From: "khs579" <[EMAIL PROTECTED]> on 12/07/2005 11:21 AM
Sent by: [EMAIL PROTECTED]

Please respond to gankleboy


To:       [EMAIL PROTECTED]
cc:
cc:        (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC)
bcc:        Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC

Fax to:

Subject:[gankleboy] Re: basa sunda hese --> PANGDAGO 2



Hehehe, bagea Kang Tito.
Ieu mah tamba nanggeuy gado ngaburayot we Kang. Sugan tiasa noongan
akar masalah, kunaon pangna basa Sunda dianggap hese. Sugan wae, urang
tiasa nyiar pitambaeunana. Naha tambana kedah dibura ku rieusan jawer
kotok atanapi daun jaringao.

Resep di gankleboy teh mani galecok. Na ari ditaros, ngan sababaraha
guruntul nu ngacung. Cing kumaha carana, supaya tiasa ngahudangkeun
urang Sunda nu sonagar. Hehehe

salam,
MH









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/cRr2eB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke