Sanggeus sababaraha lila nuturkeun laju taksi nu ditumpakan, Kang Syam nu diuk di tukang nepak taktak ki supir. Niatna mah rek ngajak ngobrol,  tamba nanggeuy gado, ceuk MH mah.
Teu nyangka sacongo buuk, ki supir reuwaseun kacida nepi ka teu ngahaja ngajejek gas beuki jero nepi ka ampir nabrak mobil sejen. Sanggeus bisa kakontrol, sakadang taksi geuwat nyisi. Reg, eureun.
"Punten, Juragan. Tong sakali-kali deui, nya!" ceuk ki supir bari ngalieuk, nembongkeun beungeutna nu rada pias tapi semu ambek.
"Aduh. Punten, Mang... Maksad teh ukur bade ngajak ngobrol tamba kesel," ceuk Kang Syam.
"Masalahna kieu... Ieu teh munggaran simkuring jadi supir taksi, malihan Juragan ge panumpang anu munggaran," ceuk ki supir ngajentrekeun.
"Oh... Nembe tiasa nyetir atanapi kumaha?" ceuk Kang Syam.
"Ari nyetir mah tos lami," ceuk ki supir deui.
"Aeh... nyupiran naon kitu?" ceuk Kang Syam panasaran.
"Mobil jenazah," ceuk ki supir.

(ti milis lucu2)

--
sikandar
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke