Ehm... Mang, ngiring ngarewong. Kaci nya ? wios henteu ge, bade maksa we...
tu de poin wae : Ceuk pangalaman abdi mah, basa sunda teh teu hese ah, asal dibiasakeun nyarita ku basa sunda mah Nu hese teh pelajaranana wungkul. Tong boro basa sunda, basa indonesia oge pan hese pelajaranana disakola mah. Sanajan hirup dikota nu pinuh ku macem-macem basa, tapi ari ngobrol jeung urang sunda deui mah, angger sok dibiasakeun make basa sunda. Enya, sakapeung mah dibalesna teh sok mamalayuan. Pek we da pada-pada ngarti ieuh. Keur mah ti bubudak ge pan hirup teh dilingkungan sunda. jadi geus teu kagok deui nyarita ku basa sunda mah. Komo deui ti saprak ngiringan Kusnet, beuki nambahan we wawasan basa teh, teu basa sunda wewengkon kuningan wungkul. Tina noongan nepi ka bintitan, tuluy osok mairan. Kusabab mairan sabaris mah sok dicarekan ku kuncen, pajarkeun ceting, nya sok nambahan jadi saparagrap mah..tungtungna mah sok ngagebai, ngambai. Ditambahan deui ku mindeng ceting, jadi we rada aktip kutak- ketik ku basa sunda teh. Jeung jelma panggih/karek wawuh atawa dina telepon oge angger mun nyarita teh make logat sunda, matakna sok langsung apaleun yen abdi teh urang sunda. Beda deui mun aya telpon ti nu nagih kartu kiridid, karek sok make logat basa sejen. Karesep na teh abdi mah make logat madura, ta iyeu.. Da saenyana mah ngan urang sunda wungkul anu letahna pleksibel teh. pan buktina, ngan dalang wayang golek wungkul nu bisa macem-macem sora teh. Sora Semar kieu, sora Arjuna kieu, sora Bima kieu, sora Cepot kieu... Aya nu nyarita, cenah mun hayang jadi dalang wayang golek teu kudu diajar macem sora-sora tokoh wayang. Tapi cukup ku nurutan hiji sora, nyaeta sora-na Asep Sunandar. heu..heu... Jadi intina mah, nyarita ku basa sunda mah gampang, asal dibiasakeun. Masalahna, rek ngabiasakeun teh kadang mah lingkunganana teu ngadukung. Misalna, pamajikan/salakina lain urang sunda, tatanggana lain urang sunda, atawa lingkungan pagaweanana teu aya batur urang sunda, jadi teu bisa 'interaktip'. Jadi sok kapaksa ngagunakeun basa persatuan tea, basa malayu. Ku jarang dipake basa sundana, tungtungna mah jadi we poho atawa kararagok. Tah, nu matak.... lebet we lah ka Kusnet, tuluy aktip posting... keun we salah mah, asal tong pundukan eh...pundungan mun aya nu menerkeun teh. Cikaracak ninggang batu, laun-laun mah angger we batu keneh.. Tos ah... -dul- ngarengkol deui... --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, > Hehehe, kuring mah rek keukeuh we. Urang neruskeun kuesioner deui yeuh. Dugi ka danget ieu, respondenna tos aya 35 jalmi, kamari katambihan 5 responden. > > Kanggo baraya lianna, mangga diantos responna, ieu patarosanana: > > "Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh hese?" > > Pituduh: Pikeun jawabanana, lengkepan ku opini nyalira. Upama leres hese naon hujahna? Upama, ah henteu hese cenah, kumaha alesanana? > > Baktos, > MH > ----------------- > > Pangdago 2 > 31. aldo desatura > 32. h. sukana > 33. akos kosasih > 34. dudin > 35. budi setiawan > ----------------------------------------- > Pangdago 1 > 27. kang maman > 28. yosep hania > 29. engkus ruswana > 30. mia > --------------------- > 1. kuring (mh) > 2. joko tingkir > 3. kumincir > 4. durahman > 5. boim > 6. hasan supriadi > 7. cecep wahyu > 8. puspita w. > 9. msasmita > 10. rahman > 11. indung peuting > 12. asep subandi > 13. tito suryana > 14. oman abdurahman > 15. dudi herlianto > 16. nenny nenden > 17. ujang kemod > 18. ikmal > 19. aqis fairuz > 20. roni suarsa > 21. deny suwarja > 22. rahdiani nurulaini > 23. miih > 24. tarawadul > 25. runa irawan > 26. yudi rosandi > ------------------------- > > > > > ===== > Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ > [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] > > --------------------------------- > Yahoo! Shopping > Find Great Deals on Gifts at Yahoo! Shopping > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/SBefZD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

