Basa Sunda hese? Ah, saur simkuring mah kumaha situasi & kabiasaan. Sakapeung hese, sakapeung gampil.Hesena, pami nyarios sareng sepuh atanapi nu dipihormat asa lalieur milarian kecap nu sae tur sopan. Pami nyarios kasar bari jeung hoyong dianggap loma ku batur sok sieun disebat teu terang di basa...tungtungnamah uih deui ka Bahasa Indonesia. Lingkungan mangaruhan pisan komo di bumi mah da tos aya perkawinan lintas suku aya Sumatra sareng Jawa, nya kapaksa bahasa nasional nu dianggo.
Gampilna, Alhamdulillah ti aalit tos dididik nganggo basa Sunda ku sepuh janten teu utag atog teuing
pami aya kecap nu teu terang mah nganggo basa Sunda Tarzan eh, Kabayan wee
hehehe
asal pada-pada ngartos. Aya istilah dina basa Indonesia ala bisa karena biasa diSundakeun mah janten kieu panginten Tiasa nyarios Sunda kumargi biasa ngagunakeunana.Simkuring ngaraoskeun langkung gampil nyerat (tulisan) tibatan nyarios (lisan) da nyerat mah tiasa ngemut heula. Numawi simkuring ngiringan Kusnet ge supados teu hilap kana basa Sunda, basa karuhun nu kedah dimumule. Hatur nuhun pisan kuayana Kusnet simkuring tiasa nambihan elmu ngenaan Basa & Budaya Sunda. Rosma. On 12/7/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:>> Baraya,> Hehehe, kuring mah rek keukeuh we. Urang neruskeun kuesioner deui yeuh.> Dugi ka danget ieu, respondenna tos aya 35 jalmi, kamari katambihan 5> responden.>> Kanggo baraya lianna, mangga diantos responna, ieu patarosanana:>> "Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda> teh hese?">> Pituduh: Pikeun jawabanana, lengkepan ku opini nyalira. Upama leres> hese naon hujahna? Upama, ah henteu hese cenah, kumaha alesanana?>> Baktos,> MH Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

