Muhun Kang Eko tangtos pisan peryogi Team anu lengkap kanggo ngalaksanakeun ieu program, komo pas tahapan deployment (nganggo software Sunda eta) dina lingkungan anu 'real' peryogi pisan jalmi-jalmi nu ahli di bidang nu aya dina lingkungan deployment software eta, dapon dina lingkungan development mah pan fungsionalitas software tos aya, urang mung LOCALIZATION ('mung' sihhh padahal mah lumayan rada kesangan hehehe .... ) kajabi mun aya kaperyogian fungsionalitas nu anyar, tah di dieu programmer diperyogikeun pisan. 
 
Perkawis opensource, pedah eta nu disayogikeun source code-na + tiasa di kolaborasikeun sasarengan kalayan HALAL atanapi LEGAL. Janten engke jalmi sanes ribut soal harga software, tapi ribut soal kaahlian jalmi kanggo nganggo-na, ieu tiasa ngadorong kana 'penghargaan' industri kana kaahlian jalmi sareng ngadorong jalmi supados dialajar....Ditambih deuih Opensouce teu konotasi ka Linux wungkul, sanajan komunitas Opensource seueurna ti linux. Platform mah bebas kuma lingkungan karesep urang bade Windows mangga, bade Linux/Unix teu dilarang atanapi lingkungan nu sanes oge tiasa (pan tiasa aplikasi embedded nu OS na spesifik pisan).
 
Kanggo urang, abdi ningal program ieu teh kanggo ngejar 'digital divide' atanapi 'kesenjangan digital' bangsa urang dibanding bangsa sejen. Lengkah ieu strategis pisan kanggo ngawitan lebet kana dunia digital pikeun Urang Sunda khususna. IGOS (Indonesia Goes Open Source) pamarentah mah pan ngan ukur alat politik, lain kolaborasi nu sabenerna, da GOS teh peryogi waragad nu nyata kanggo kolaborasi. Tapi eta ge Alhamdulillah pamarentah nampi pisan konsep Opensource, tinggal rakyat na nu kreatif. Tah Kusnet nyandak ieu point kanggo pamarentah, Kusnet komunitas nu kreatif ngarojong IGOS pamarentah hehehehe...ah keun lah nu kieu mah urusan Mang Jamal + Ua Sas + Ua Sidik + Inohong Sunda sejena hehehe
 
Insya Alloh abdi nuju ngadamel rancangan program-na, disela-sela kasibukan kantor, Insya Alloh mun tos beres urang padungdengkeun deui di Kusnet. Hatur nuhun pisan kana lebetanana.
 
Perkawis usul regular meeting, abdi sapagados pisan. Mung sae-na mah ke lanan mun tos ide-na 'mengkristal' (naon tah basa Sunda-na), bari ngantosan ide-ide nu sanes sareng bari urang maluruh leuwih detail perkarana.
 
Salam baktos,
kang ato


From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Eko Ruska Nugraha
Sent: Wednesday, December 07, 2005 7:55 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] KOMPANYEU REUEUS SUNDA ---> SUNDANISASI SOFTWARE

Punten bade nambihan kanggo ieu panitan atanapi ideu "sundanisasi software" he he.......tangtosna dina proyek ieu sanes orang IT (programmer) bae tangtos IT dina widang sanes tangtos ieu aya hubungan sareng tiap OS (Operating Sistem ) Anu bade dianggo Windows,Linux, Unix jst. tapi upami programmerna siga superman mah sagala bisa he he.....hebat eta mah. Salian ti orang IT tangtos kedah aya ahli basa sunda tangtos ieu diperyogikeun pisan kanggo basa atanapi kecap anu bade dianggo dina eta software salian ti eta ieu kedah ningal proyek anu bade dipidamel contona misal sepertos Program (ERP) sepertos SAP lamun teu salah tos aya nu Open Source dina software ieu kan aya accountingna,Purchasingna, Inventorina jst. tangtos kedah aya ahli dina widang eta, Tapi ieu uih deui kumaha proyek anu bade dipidamel.
 
Saleresna ari kanggo ngarobih kana basa sunda mah teu kedah IT (Programmer) bae da ieu mah ngagentos basa wungkul, terutami upami bade ngamodifikasi/ngarobih atanapi nambihan peryogi anu tiasa basa komputer (Programming) tapi ayeuna mah sanes kasang tukang IT oge ari jalmina rajin mah insya alloh tiasa mung kedah sabar.
 
Sigana lamun enya rek sarebu rius mah anu gaduh minat kana ieu ideu/paniatan kedah aya nu ngoordinir teras kedah sering patepang nu penting ulah gurung gusuh disesuaikeun jeung waktos sewang-sewangan.....kitu tah baraya....
 
Sakitu bae heula
(KGOS ->  Kusnet Go Open Source) he he...........
 
Salam
@ERN
 
On 12/6/05, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sae kang ato ideu teh henteu badag ari dikoroyok ku seueuran mah komo ieu mah sadunya upami aya nu kersaeun he he......., kuring mah siap lah da resep.
 
@ERN

 
On 12/5/05, ato.riyanto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan usul, kumargi abdi kantos lebet di dunia IT (pan KUSNET ge dunia IT
lin?) kumaha lamun Basa Sunda lebet oge kana widang software. Maksad teh
saha wae urang Sunda sa-alam dunia nu tiasa programming komputer urang
ngadamel proyek Sunda-nisasi software-software OPENSOURCE. Abdi usul
opensource kumargi 'keterbukaana' (janten tiasa di Sunda-nisasikeun) sareng
tujuanana nu mulia.
Ieu pas sairing sareng usaha urang nu teu eureun2 kanggo ngeusi Wikipedia.
Panghesena dina ieu proyek mah nyaeta ngumpulkeun jalmi 'volunteer' (naon
tah basa Sundana volunteer teh?) kanggo programmer sareng kanggo
Administrator (jalmi nu ngatur programmer) ditambih waragad server
Internet-na kanggo gudang software urang Sunda.
Kumaha tah ki dulur,bilih aya komentar. Hapunten bilih usulna rada 'badag'
jeung 'hese', pedah we bangsa lain bisa make basana dina komputer, naha ari
urang Sunda teu tiasa. Mun karaos beurat mah keun we, neda pihapunten.
Baktos,
Kang Ato



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke