Om Teddy reuueus geuning nya aya Bupati nu hade ngomong hade gawe. Ieu mah pangalaman sugan we aya mangpaatna.
Kahiji masalah kadaharan. Ieu mah nu dimimitian di nagara sejen.
Kahiji masalah kadaharan. Ieu mah nu dimimitian di nagara sejen.
1. Di Jepang aya sababaraha taneuh/taman nu diropea ku pemda dipelakan bubuahan. Ke dina usum bubuahan kabeh babarengan meunang ngarala, murak didinya teu meunang dibawa. Eta pesta bubuahan sakalian jadi acara silaturahmi pangagung/pangawasa jeung penduduk. Mun di Subang mah dikombinasi panginten, lian nyieun taman bubuahan, pipir/hareup imah pelakan we ku tangkal bubuahan, nu umum mah papaya jeung cau. Babaturan kuring nu urang Blitar mantuan mere bibit papaya bangkok/hawaii jeung cau cavendish ka lemburna. Janten pami tiasa mah Pemda Subang mantuan nyadiakeun bibit unggul sakali mah.
2. Sayur? Pami sayur mah ngamangpaatkeun pipir/buruan (Biasana musuhna hayam!). Pami melak sayur gegedean keur balarea mah teu gaduh pangalaman atanapi referensina. Cenah aya di China
baheula waktu make sistem komunis murni.
3. Lauk? Sae pami ngamangpaatkeun situ. Nyonto deui di Jepang. Diditu situ jeung susukan dipelakan lauk, saha bae meunang ngala make useup teu kaci ngecrik. Mayarna teu mahal da eta mah keur meuli bibit lauk. Hiji deui mun keur usum mijah lauk teu meunang diala.
4. Lauk-susukan-kabersihan. Imah sabisana kudu nyanghareup ka susukan. Mun dipipir mah kalah jadi tempat runtah. Mun jadi hareup imah jadi berseka da rajin diberesihan. Di Jakarta, Pemda keur nata kawasan sisi Ciliwung, imah2 supaya nyanghareup ka Ciliwung. Hasilna aya, sisi susukan diparelakan tangkal, kawas taman, runtah teu dipariceun ka susukan, tangtosna oge teu aya deui nu "naragog" da ditata masalah MCKna.
5. EmCeKa. Program kasehatan, saena mah janten paket sareng nata susukan/situ. Mun sagala ka susukan lieur atuh, bororaah lauk, jalma oge marendet irung. Emut kapungkur keur KKN di Dayeuh Kolot, nyekel 9 desa teh ampir sarua boga
masalah kasehatan nu tumali jeung MCK. Dina bab ieu mah Pemda kedah mantuan ngawangun MCK utamana ka daerah nu lemah ekonomina, nya ngawanguna hiji keur sababaraha warga. Ceuk pangalaman mah mun EmCeKa beres, warga ge hararampang diajak ngobrol ngeunaan kaberesihan, pepelakan jste.
Tah sakitu panginten asupan ti sim kuring, mugi aya mangpaatna. Salam we ka bapa bupati he...he....Nyaan hayang panggih, asa wawuh teh pedah sering tampil di koran/majalah ku sikep "ngarakyatna".
salam
jalakpakuan
Om TEDDY <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, kuring kamari dina raraga ngaliput kagiatan HKN (Hari Kasehatan Nasional) di Subang kuring ngobrol jeung Bupati Eep Hidayat.Ceunah anjeunna boga program hayang ngamajukeun kasehatan Penduduk Subang ku program loba dahar buah-buahan, sayuran jeung lauk.Program nu ieu make sistim gotong royong. Misalna buah-buahan jeung sayuran rek dipelak ku pamarentah bareng jeung masyarakat sangkan engkena rakyat bisa ngala buah atawa sayuran bari bebas. Kitu deui kana lauk rek ngawangun situ-situ nu bisa dipelakan lauk nila jeung belut. kabeh program ieu geus di mimitian ku anjeunna dibalongna di Cijambe jeung melak sayuran dikebon. Nu engkena rakyat meunang ngala bari bebas/gratis.Kitu deui jeung program jamban umum. Ku program gotong royong pamarentah bisa mere bantuan alat-alatna. Sesana ku rakyat.Ideu ieu teh ceunah hayang siga baheula. Jeung ideuna teu muluk-muluk. Ceunah... ieu oge...Cik baraya aya nu geus ngamimitian siga kieu teu di daerah sejen? Mun aya cing kumaha konsepna sugan bisa diadurenyomkeun jeung Om Eep.Baktos,Om TEDDY
Yahoo! Shopping
Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

